REUP peuting. Lalaunan kulit robah. Beungeut robah. Awak robah. Bijil buntut. Kekerepekan. Kakarayapan. Tina tembok. Kana lalangit. Tujul ka langit mapayan béntang. Sagala rupa jadi kadéngé leuwih atra. Sora nu haharéwosan sisi balong. Nu ngemprung luhureun panggung. Nu susulumputan. Nu ngahaja nembrak. Kabéh kajeueung. Kareungeu. Hayang ngabéjaan ka sasaha yén kuring téh apal, tapi moal dibéja-béja. Moal diucah-acéh. Tapi, geuning lila-lila nu motah luhureun panggung gé jadi baruntutan. Nu ngigel méréngkél buntutna buntung. Biduan dangdut buntutna nyumput. Nu nyawér. Nu lalajo. Nu gegejeburan di balong. Kabéh minda rupa. Tapi teu nyada. Kabéh meruhkeun pangrungu. Pada-pada néang rusiah. Keur ucah-acéheun jaga... "Pan uing cakcak mah. Naha bet jaradi cakcak? Mun kabéh jadi cakcak, terus uing jadi naon atuh?" bari muragkeun manéh tina lalangit.
Iwal salira nu teu weléh imut na tungtung peuting.