Prét. Hanyir sajajalan. Bau goréng haté dipolés beungeut seuri. Leumpang ngadéngklak. Melak cangkéng nyanghareup srangéngé embung mencrong ka manéhna. Bulan malik, langit mongkléng teu sudi méré éndahna. Bau hanyir ngahiliwir. Di langit patingcikikik, ngahihi ngahoho bari ngabura daun malati. Prét. Sawarga bau, langit angkeub ku hawa hawekna. Tina melak cangkéng, manéhna ngagitek jogéd. Gual géol. Samping jeung beuteung paheula-heula, paboro-boro hayang senang. Ditembangan hitut, sora licik, jeung topéng Rahwana.
Sia. Manéh! Nu ngahalal sagala cara. Maké rupa basa. Kop, bawa kabéh. Nu di méja, bawa ti kolongna! Dina kertas, ngacurat harta ngacorét harti. Héh, jelema corét! Kop dahar dagingna. Béak. Can seubeuh. Song tulangna. Béak. Teu eureun, nepi ka béak ogé babaturanna. Duka iraha eureunna. Nu mélak cangkéng ngagitek. Poho yén hirup aya itungan-Na.
Kuring ngan tungkul. Nyeri ku batur. Nyalahkeun. Boa ku kuring sorangan. Clak. Haté ngagerentes, "Robbi, jauhkeun kami ti jelema dengki, jelema corét!"