Mang Jumadi. Jelemana jangkung badag. Geblag-geblig. Nyuruduk ka pabrik aci. “Batur Juma’ahan, ilaing kalah ngaradu! Kurang ajar!” pokna. Iteuk ruyungna dihuak-hiuk. Nu keur ngadu katawuran. Mang Jumadi. Tuluy ngagedig ka sawah. Ngalabrak nu keur talandur. Ngagantawang: “Titah saha tandur? Can aya béwara ti pamaréntah, deuleu! Cabutaaan!” Nu keur tandur tingpuringis. Nyarabutan binih paré nu karék ceb. Mang Jumadi. Peutingna ngontrol Pos Ronda. Kosong. “Batur mah bajoang ngusir penjajah! Kagila-gila teuing, siah!” pokna bari ngagujubar-gujubarkeun nu bagéan ngaronda peuting harita. Mang Jumadi. Tengah peuting ngajorag imah Nyi Randa. Nyorowok bari gegedor: “Teu gableg cedo, siah! Kéna-kéna diarantep!” Pa Kuwu ngabelesat tina jandéla. Ngabecir. Sabeuleugeunjeur. Ibur salelembur. Yén Mang Jumadi dumadak owah. “Teu hadé diantep! Kudu dipasung!” ceuk Pa Kuwu dina rapat di balédésa. Bring. Urang lembur ngepung imah Mang Jumadi. Kasampak keur ugal-ugil. Bari ngahariring Garuda Pancasila. Nancebkeun plang. Diaksaraan: Indonésia Pasti Jaya. Nu ngepung ngarembang kadu. Mang Jumadi ngahormat plang.