Cigunung, Lukisan kénging Yus Rusamsi
Update: 18 Oktober 2013 00:10:22
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Jumaah, 04 Oktober 2013 10:47
Deni Prayoga: " Assalamualaikum, hatur nuhun sateuacanna ,, punten bade tumaros upami bade uplod fikmin kumaha carana,naha di posting di grup Facebook atanapi tiasa di web ieu ..? abdi tos nyobi join group fiksi mini basa sunda pamugi tiasa saenggalana di confirm.. hatur..."
Kemis, 03 Oktober 2013 16:17
Heni Nuraeni Huzein: " Punten,kumaha carana Fikmin abdi tiasa katingal dinu web,teras naha badé noong komentar teu tiasa aya nu tiasa ngabantos ....hatur..."
Saptu, 21 Séptémber 2013 18:47
Andiany A. Matahari: " Assalamualaikum wr. Wb.... Salam pangwanoh.. Hatur nuhuuun kana panganken..."
Jumaah, 06 Séptémber 2013 21:42
Syihabudin Syihab: " Assalamu'alaikum...Sampurasun...nepangkeun salam pangwanoh...hatur nuhun kana pangangken..."
Senén, 26 Agustus 2013 00:29
N'da Kamandanu: " Assalam muallaikum ..sampurasun ampun paralun....haturnuhun tos di angkeun.....mugi gusti nangtayungan urang balarea... Salam pangwanoh ti..."
Jumaah, 26 Juli 2013 11:41
De Sopandi: " Assalamualaikum wr wb.... hatur nuhun kana pangangkenan...mudah- mudahn janten amal nusae pikeun urang..."
Ahad, 14 Juli 2013 19:12
Nyai Endit: " Baraya FBS, salira tiasa oge ngagabung di lapak nu aya di facebook. Ieu alamatna: http://www.facebook.com/groups/fikminsunda/ Atuh nu hoyong katingal karyana, eusian heula data salira. Carana: saparantos log in ka dieu, teras paluruh jenengan salira. Kitu (asana..."
Kemis, 11 Juli 2013 12:29
Teh Ning: " assalamu alaikum..sampurasun..kumaha ieu teh, formuliurna teu kapendak..."

Jang Gahol

Kénging Mochamad Ziaulhaq
Dipidangkeun dina lapak 05 April 2013 10:55:52

Klik... Klik. Sora notebook baturan kuring narawang alam lelembut made in Mang Google. Simpé. Kerung. Dibaca dibolak-balik. Dirérét disidik-sidik. Poék. Bisi salah maca. Bisi salah ngaji.
Dina layar, aya nu nulis, "K4m0e thue gh4k n93rt1 y4ch k4l4u @k0eh thUe 54y4n9 b@n93t 5@M4 k@m0eh. N3ng Nhu G3ulizzz Ch4law@Zna."
Ah kagok héran, kagok panasaran. Klik... Klik. Sora mouse ngilu ngahaminan. "Jang, éta basa diajar ti saha? Kinten-kinten guruna masih hirup teu?"
Simpé. Jempling. Euweuh nu comment. Ah, baé geus peuting. Bisi ti ririwa nu sok "Chalawaxz" keur uptade status. Hayang gaul, bari maéhan basa nu benér. Pohara.