Culang-cileung. Gusti. Geuning aya satengahing leuweung ganggong. Leuweung nu rembet kacida. “Mana babaturan sia nu majar seja buméla?” kapireng nu nyoara. Ngagerem. Rét. Gebeg. Maung! Buluna bungur. Nyanggéréngan. Belesat. Lumpat. Sakalumpat-lampét. Maung ngudag. Gagauran. Maung ngagabrug. Koréjat. Beunta. Luak-lieuk. Taya leuweung. Taya maung. “Haruuuh! Ngimpi…” Rénghap-ranjug. Gogobrot késang. Jung nangtung. Jumarigjeug. Kaluar ti kamar. Bréh. Di tengah imah, aya oray badag naker. Sisitna kayas. Sungutna samutut. Ku Abah. Ambu. Si Nyai. Nu tingkerejet. Berebet ka dapur. Rék nyokot hihid. Bréh. Bet réa ajag. Warna-warni. Tingkodomang tina kulkas. Tingcungungung. Mabur ti dapur. Diudag mangpirang ajag. Baju kacapluk. Calana morosot. Lumpat ditataranjang. Di puseur dayeuh nu meuweuh. Aya Déwi. Néng Ratih. Tingcikikik. Tarutunjuk ka nu gubal-gabél. Terus ngaberetek. Gubrag. Nyah. Lilir. Gogodeg bari tuluy ngusap beungeut. “Ngimpi..!” Culang-cileung. Gusti. Geuning aya satengahing leuweung ganggong. Leuweung nu rembet kacida. “Mana babaturan sia nu majar seja buméla?” kapireng nu nyoara. Ngagerem. Rét. Gebeg. Maung!