Cigunung, Lukisan kénging Yus Rusamsi
Update: 24 Oktober 2014 09:10:21
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Salasa, 30 Séptémber 2014 00:41
Rubi'ah Adawiah: " assalamu'alaikum warahmatullah kularwargi sadaya, resep pisan ningal blog-na. eusina rupi-rupi anu janteun pangaweruh, mugia ngajanteukeun barokah tina elmu anu tiasa kamangpaatkeun. Aamiin..."
Kemis, 21 Agustus 2014 08:23
Intan Permata: " Asa lebet ka kebon kembang warna..."
Saptu, 16 Agustus 2014 12:32
Iwan Nurdiansyah: " betah, nambahan pangaweruh, utamina basa nu buhun, nu murwakanti, nu ngandung siloka,..."
Jumaah, 15 Agustus 2014 09:57
Dharma Lesmana: " Hoyong ngitun artikel, kamana..."
Kemis, 14 Agustus 2014 09:06
Alex Hasan Sapari: " Assalaamu'alaikum... Sampurasun...! Kalintang bingahna sim kuring tiasa gabung di grup FBS ieu. Aya sakedik pamundut; Rumaos bodo kana basa luluhur téh, utamina mah perkawis Undak Usuk Basa sareng cara ngalarapkeunana. Rupina upami di Tepas Fikmin ieu--di sagédéngeun Kamus Basa Sunda--di-postingkeun Undak Usuk Basa, tangtosna Tepas Fikmin téh janten langkung sampurna. Hatur..."
Rebo, 13 Agustus 2014 12:09
Aliayachoer: " ..."
Rebo, 25 Juni 2014 10:15
Mang Eboed: " Naha teu tiasa muka..."
Kemis, 12 Juni 2014 11:48
Ifunk Anker Karindink: " Assalamualaikum, wilujeng wayah kieu..."

Kakangen

Kénging Liezbella Swanzen New
Dipidangkeun dina lapak 16 Maret 2013 21:31:02

Peuting terus ngulisik néang panyawangan. Kakangen ukur dihariringkeun simpé. Lain wayah geuning, ieu kaasih dipelakeun sakitu tohagana, ka jomantara haté. Imut anjeun bet nguyumbang sabada hujan peuting kamari. Nalimbeng rasa ku sorot panon nu pinuh kasono. Hhmm, ukur reunghap nu nurih jajantung. Katugenah dumadak meulit lalangit diri. Rumasa kabulusan saméméh aya hujan, saméméh aya ibun. Tapi anjeun anteng huhujanan, teu melang, teu ringrang. Tuluy mapay katrésna nu jadi cika-cika dina mokla nu ngabayabah jadi impénan. Peuting terus ngulisik, ngarungkup sagala harepan. Kuring nunutur bulan nu tuluy maju dina rangkulan halimun. Mapay imut jeung séahna pameunteu anjeun. Nu nyalangkrung kana waktu nu lain wayah.

Komentar (22)

Godi Suwarna
:" Ules sareng galindengna mah caket-caket kana sajak. Pelem dekh..! Karaos dina ngawirahmakeun sareng
Godi Suwarna
:"Duuh, hapunten, lepat mencet, ma'lum ngetikna diajar keneh. Haruuuh, aingah, jadi kaburan Pangacian. Hilap deui we tadi teh seja komen nanahaon...."
Liezbella Swanzen New
haturnuhun pisan kang Godi Suwarna, ..atuh teraskeun komenna... sareng naon?.. heheh... janten panasaran ... :)
Budi Dharsono
Duh, kacipta ungkara 'Tingkulisik' karesep simuing.
Godi Suwarna
:"....sareng diksina alias pilihan kecap-kecapna nu karaos mirasa pisan...."
Irman Nurhapitudin Dimyatié
:"Maqom sastrana tos naék ieu mah. Haruuuh... karaos éndahna."
Nasrul Jatnika
"Puisi nu karaos endahna Ceu..Mantaaapks."
Liezbella Swanzen New
tah akhirnya diteraskeun komenna, sok janten panasaran atuda kang Godi Suwarna, heheh... haturnuhun ah... :)
Liezbella Swanzen New
haturnuhun kang Irman N Dimyatie, tp, naon pami 'maqom' teh? teu ngartos da?..hehe..
Liezbella Swanzen New
kang Budi Dharsono, resep anu ngulisik rupina nya :p...
Liezbella Swanzen New
kang Nasrul Jatnika, janten puisi ieu teh? sanes fikmin??...
Budi Dharsono
Tah eta leres pisan. Wilujeng wik-en Teh Liez..!!
Irawan Babeh Lova
Deuh éta ungkara-ungkara dina ieu Fikmin, seukeut....asak....pulen! bati kabita wé! Boa-boa kabita ogé kanu kabulusan hehehehe
Liezbella Swanzen New
hhmm.....atuh jeruk makan jeruk kang Irawan Babéh Lova mah... :p
Irawan Babeh Lova
Wios daripada jeruk makan péso.....?hehehehehehe
Is Tuning
Kecap-kecap nu éndah, ungkara nu éndah, jadi runtuyan kalimah-kalimah nu éndah, nembrakkeun rasa sono nu tangtos éndah ogé.. (y)
Liezbella Swanzen New
gubraaag,...kang Irawan Babéh Lova, mah resep jeruk dijerukan heheh... haturnuhun kang...
Liezbella Swanzen New
puguh ge teu endah kasono na mah kang Is Tuning... :( haturnuhun nya kang....
Is Tuning
ceu Liezbella Swanzen, rasa sono-na mah tangtos éndah. Mung gumantung ka saha sareng keur kumaha ngarandapanana. Sono nu éndah tiasa robah jadi ceuceub, tiasa jadi nyelekit, tiasa ogé jadi harepan..
Liezbella Swanzen New
leres kang Is Tuning, rasa kasonona janten nano-nano... teu puguh raraosanna...sagala karaos ...
Yusuf S. Martawidenda
Asih teu ningali umur jeung waktu. Jiga ruhak, mun ditiupan atawa katiupan past jadi seuneu. Hoyong pareum mah seblok wael ku cai.
Liezbella Swanzen New
muhun paginten kitu kang Yusuf S. Martawidénda, tp da teu laas ku cai... (keukeuh heheh...) haturnuhun kang.... :)