Update: 06 Agustus 2016 02:59:25
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Ahad, 19 Maret 2017 16:02
Yusuf S. Martawidénda: " Naha akun sim kuring dina web ieu janten aya dua. Nu hiji namina : Yusuf S Martawidenda Nun hiji deui namina : Yusuf S. Martawidénda nu hiji teu ngangge curek. Nuhiji deui ngangge curek dina e-na. TAPI NU LENGKEP DATA PROFILNA AKUN NU E-NA TEU NGANGGE CUREK HATUR..."
Salasa, 14 Maret 2017 16:22
Abdul Haris: " Alhamdulillah, kotrétan téh, tiasa katawis deui dina web. Hatur nuhun, Kang Dan...."
Kemis, 16 Fébruari 2017 12:29
Hamim Wiramihardja Coèlho: " Naha sesah geuningan bade ngeusian profil teh......."
Senén, 16 Januari 2017 06:47
Kang Mohen: " Sampurasuun..."
Ahad, 08 Januari 2017 23:29
Roni Rohendi: " Assalamualaikum, ngiring ngaderes palih..."
Rebo, 04 Januari 2017 07:41
Aris Siswanto: " ..."
Rebo, 04 Januari 2017 03:02
Elan Sudjanamihardja: " datang katimgal tarang tea meureun nya. nya bade ngiringan didieu yeuh da geuning ari nyiar pangarti mah tue aya watesna, boh umur atanapi tempat, sugan we aya paedah sareng mangpaatna. sim kuring ti aachen, jerman watesan ka walanda sareng belgia, elan sudjanamihardja, ari di aachen mah barudak mahasiswa nyarebatna..."
Ahad, 01 Januari 2017 22:33
Ridwan Melodian Plain: " Sampurasun..."

Liga Cémpion Eropa

Kénging Azie Nasrullah
Dipidangkeun dina lapak 07 Maret 2013 16:14:55

Jam dua janari. Tipi digaurkeun satekerna. Aya nu ngéndong di calon mitoha. Aya nu ngaronda di imah randa. Cikopi, bako jeung pahpirna. Kurupuk, kiripik, ruak-rauk bari nungguan piriwit ditiup wasit.

Der bola dijadikeun, Manchéster United ngalawan Réal Madrid. Wasitna ti Turki, ngarana mah duka teuing saha da hésé ngéjahna gé. Anu nongtos di stadion mah kalem, euweuh nu riweuh, komo nepika lulumpatan ka lapang rék ngarogahala pamaén atawa ngarempug wasit mah. Teu jiga di nagara tatanga, tapi éta gé baheula.

"Guuuuuuuuuuuullll... MU ngasupkeun, manchunian (bobotoh MU) émprak bari gugulingan, gogorowokan, émprak-émprakkan nepika teu élingna. Reuppp... paéh lampu. Jempling nepika 80 menitna.

Manchunian ngahuleng bari rada atoh da tim anu didukungna meunang. Pas lampu hurung, kampung pinuh kabingung. Banjir di unggal juru. MU éléh 2-1, cenah gara-gara wasit. Padahal mah gara-gara Pé éL éN. "Lebok... siah!" Pak RT ngagorowok dina toa. Uing ngahuleng bari medol simut.