Pines ngajajar saparat jalan. Sakapeung nyorang nu netek. Bras ka nu ngembat mayat. Urang silih ranggeum. Késang ngagarajag. Ngahégak. Tapi léngkah angger ngayun. Asa napak, asa henteu. Ti dinya patepung teuteup. Aya sono nu lawas kasidem. Jog ka curug nu ngaguruh. Kadeudeuh téh mingkin baseuh. Cipruk. Kasimbeuh hujan nu mimiti ngagebrét, basa angin mimiti nyéor, basa cai mimiti ngagulidag. Urang silih rangkul. Silih keukeupan. Diayun ambing cai nu rosa umpal-umpalan. Di dinya, lebah dinya pisan. Aya catetan nu katulis langgeng.