Basa kuring amitan, katempo ema ngalimba, atoh campur sedih, atohna kuring meunang gawé, sedihna boh kuring boh ema kudu jauh dipisahkeun ku anggang, kuring di Jakarta, ema angger di lembur.
“Bral anaking, teu kudu melang ka ema, ngan mihapé, nu lima waktu ulah elat, jeung sing ati-ati dina nyorang sagara kahirupan di Jakarta the loba pisan gogodana, sabab mun manusa geus dikawasa ku napssuna, nya didinya urang moal bisa ngabédakeun mana nu halal jeung mana nu haram….”
Kuring ngarénghap bari naha cimata bari nyium pananganna.