Update: 06 Agustus 2016 02:59:25
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Ahad, 19 Maret 2017 16:02
Yusuf S. Martawidénda: " Naha akun sim kuring dina web ieu janten aya dua. Nu hiji namina : Yusuf S Martawidenda Nun hiji deui namina : Yusuf S. Martawidénda nu hiji teu ngangge curek. Nuhiji deui ngangge curek dina e-na. TAPI NU LENGKEP DATA PROFILNA AKUN NU E-NA TEU NGANGGE CUREK HATUR..."
Salasa, 14 Maret 2017 16:22
Abdul Haris: " Alhamdulillah, kotrétan téh, tiasa katawis deui dina web. Hatur nuhun, Kang Dan...."
Kemis, 16 Fébruari 2017 12:29
Hamim Wiramihardja Coèlho: " Naha sesah geuningan bade ngeusian profil teh......."
Senén, 16 Januari 2017 06:47
Kang Mohen: " Sampurasuun..."
Ahad, 08 Januari 2017 23:29
Roni Rohendi: " Assalamualaikum, ngiring ngaderes palih..."
Rebo, 04 Januari 2017 07:41
Aris Siswanto: " ..."
Rebo, 04 Januari 2017 03:02
Elan Sudjanamihardja: " datang katimgal tarang tea meureun nya. nya bade ngiringan didieu yeuh da geuning ari nyiar pangarti mah tue aya watesna, boh umur atanapi tempat, sugan we aya paedah sareng mangpaatna. sim kuring ti aachen, jerman watesan ka walanda sareng belgia, elan sudjanamihardja, ari di aachen mah barudak mahasiswa nyarebatna..."
Ahad, 01 Januari 2017 22:33
Ridwan Melodian Plain: " Sampurasun..."

Tarajé

Kénging Azie Nasrullah
Dipidangkeun dina lapak 20 Fébruari 2013 09:17:38

"Pa, naha tarajé aya sababaraha cécé?"
"Lamun cécéna hiji, lain tarajé Jang!"
"Saha nu ngadamel tarajé téh Pa?"
"Teu apal Apa gé saha nu ngamimitianna mah. Ngan di mana aya barang jieunan, pasti aya nu nyieun. Teu sapati-pati dijieun kecuali aya maksud tujuanna."
"Naék turun tarajé teh saurna kedah saléngkah-saléngkah nincakna? Naha upami langsung kanu pangluhurna teu tiasa kitu?"
"Jang, urang syahadat heula, atawa langsung naek haji? Ujang sakola, langsung samen tuluy dibagi lapor, atawa daptar heula pikeun dianggap legal di eta sakola?"
"Upami kitu, urang teh tos legal teu acan payunen Gusti Pa? Maenya cicing di bumi Gusti, dipasihan sagala kabutuhan ku Gusti, tapi teu nurut ka Gusti, uclak-aclok milihan aturan anu ngan saukur jinis nu nguntungkeun, tapi aturan nu ngabeuratkeun mah dilangkung, tara dianggo. Malihan mah manusa teh ngadamel aturan sorangan gening Pa?"
"Keun wé Jang, Apa can bisa ngajawab, sok sodorkeun éta kénténg, bisi kaburu hujan deui."