Update: 06 Agustus 2016 02:59:25
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Ahad, 19 Maret 2017 16:02
Yusuf S. Martawidénda: " Naha akun sim kuring dina web ieu janten aya dua. Nu hiji namina : Yusuf S Martawidenda Nun hiji deui namina : Yusuf S. Martawidénda nu hiji teu ngangge curek. Nuhiji deui ngangge curek dina e-na. TAPI NU LENGKEP DATA PROFILNA AKUN NU E-NA TEU NGANGGE CUREK HATUR..."
Salasa, 14 Maret 2017 16:22
Abdul Haris: " Alhamdulillah, kotrétan téh, tiasa katawis deui dina web. Hatur nuhun, Kang Dan...."
Kemis, 16 Fébruari 2017 12:29
Hamim Wiramihardja Coèlho: " Naha sesah geuningan bade ngeusian profil teh......."
Senén, 16 Januari 2017 06:47
Kang Mohen: " Sampurasuun..."
Ahad, 08 Januari 2017 23:29
Roni Rohendi: " Assalamualaikum, ngiring ngaderes palih..."
Rebo, 04 Januari 2017 07:41
Aris Siswanto: " ..."
Rebo, 04 Januari 2017 03:02
Elan Sudjanamihardja: " datang katimgal tarang tea meureun nya. nya bade ngiringan didieu yeuh da geuning ari nyiar pangarti mah tue aya watesna, boh umur atanapi tempat, sugan we aya paedah sareng mangpaatna. sim kuring ti aachen, jerman watesan ka walanda sareng belgia, elan sudjanamihardja, ari di aachen mah barudak mahasiswa nyarebatna..."
Ahad, 01 Januari 2017 22:33
Ridwan Melodian Plain: " Sampurasun..."

Sidang Bahasa

Kénging Azie Nasrullah
Dipidangkeun dina lapak 18 Fébruari 2013 07:32:12

Hakim diuk bari nyepengan map. Dituturkeun wakil hakim, perangkat pengadilan ti pangluhur jabatanna nepika tukang muka jeung nutupkeun panto. Tersangka ayeuna ngarana si Bahasa Sunda. Manéhna rék divonis hukuman gantung. Hakim penuntut umum nyaéta maranéhna anu ngatur kurikulum jeung ngatur duit batur. Hakim pembéla nyaéta anu létahna cocok kénéh kana bubuy sampeu tur nyaah ka lemah cai anu salila ieu ngurus, ngaping, ngasuh bari maraban ku sagala pepelakan nu jadi. Najan sawaréh geus dibeulipaksa ku juragan anu datang meuli harga diri.
"Sunda! Naon bébélaan manéh ayeuna saméméh dihukum gantung? Sok balakakeun dina ieu sa'ah!"
Sunda tungkul, muka kacamatana, menerkeun kopéah anu rada déngdék ka kénca. Ngadéhém sakali bari ditutupan ku leungeun katuhu. Tanggah deui melong ka hakim.
"Simkuring aya, loba nu maké, loba nu ngaku, loba nu ngajaga, loba nu hayang kénéh ngasuh. Di mana kuring dipaéhan saméméh ajal ti Gusti kuduna nepi ka ieu diri. Tapi dipiheulaan karna kapentingan anu teu pira atawa ku kapentingan duit samata. Pék, mangga téh teuing. Meureun jaman geus teu mihak ka kuring. Meureun mangsa geus teu payu ku ngaran Sunda."
Hakim tungkul. Muka kacamata. Muka baju hakimna. Mundur dua léngkah. Indit ngadigdig leumpang, balik. Nu keur sidang, ngahuleng. Palu cicing kénéh dina tempatna. Teu usik teu malik.