Cigunung, Lukisan kénging Yus Rusamsi
Update: 24 Oktober 2014 15:30:22
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Salasa, 30 Séptémber 2014 00:41
Rubi'ah Adawiah: " assalamu'alaikum warahmatullah kularwargi sadaya, resep pisan ningal blog-na. eusina rupi-rupi anu janteun pangaweruh, mugia ngajanteukeun barokah tina elmu anu tiasa kamangpaatkeun. Aamiin..."
Kemis, 21 Agustus 2014 08:23
Intan Permata: " Asa lebet ka kebon kembang warna..."
Saptu, 16 Agustus 2014 12:32
Iwan Nurdiansyah: " betah, nambahan pangaweruh, utamina basa nu buhun, nu murwakanti, nu ngandung siloka,..."
Jumaah, 15 Agustus 2014 09:57
Dharma Lesmana: " Hoyong ngitun artikel, kamana..."
Kemis, 14 Agustus 2014 09:06
Alex Hasan Sapari: " Assalaamu'alaikum... Sampurasun...! Kalintang bingahna sim kuring tiasa gabung di grup FBS ieu. Aya sakedik pamundut; Rumaos bodo kana basa luluhur téh, utamina mah perkawis Undak Usuk Basa sareng cara ngalarapkeunana. Rupina upami di Tepas Fikmin ieu--di sagédéngeun Kamus Basa Sunda--di-postingkeun Undak Usuk Basa, tangtosna Tepas Fikmin téh janten langkung sampurna. Hatur..."
Rebo, 13 Agustus 2014 12:09
Aliayachoer: " ..."
Rebo, 25 Juni 2014 10:15
Mang Eboed: " Naha teu tiasa muka..."
Kemis, 12 Juni 2014 11:48
Ifunk Anker Karindink: " Assalamualaikum, wilujeng wayah kieu..."

Kalangkang

Kénging Liezbella Swanzen New
Dipidangkeun dina lapak 05 Fébruari 2013 21:02:20

Lalaunan halimun peuray, nyingray, nembongkeun hiji pigura pinuh ku beling tina kaca eunteung nu peupeus. Hawa beuki beurat, digulantungan batu-batu angkara. Angin seseleket bari muntang tipepereket ka sela-sela simpe nu anteb. Kuring teu bisa maca paroman anjeun nu mancawura dina kaca eunteung peupeus. Katembong panon anjeun jadi ngarewu, seukeut neuteup pinuh kaceuceub. Aya nu hurung dina hihideungna, najan sajarum tapi nembus jajantung. Saharita awak ngeleter, ngarumpuyuk di buruan panineungan. Anjeun robah jadi kalangkang nu salawasna nuturkeun lengkah kuring nu tatu ku waktu. Campuh jeung nafsu. Anjeun nu pinuh ku rampe, teu narima dua hate.