Update: 06 Agustus 2016 02:59:25
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Ahad, 19 Maret 2017 16:02
Yusuf S. Martawidénda: " Naha akun sim kuring dina web ieu janten aya dua. Nu hiji namina : Yusuf S Martawidenda Nun hiji deui namina : Yusuf S. Martawidénda nu hiji teu ngangge curek. Nuhiji deui ngangge curek dina e-na. TAPI NU LENGKEP DATA PROFILNA AKUN NU E-NA TEU NGANGGE CUREK HATUR..."
Salasa, 14 Maret 2017 16:22
Abdul Haris: " Alhamdulillah, kotrétan téh, tiasa katawis deui dina web. Hatur nuhun, Kang Dan...."
Kemis, 16 Fébruari 2017 12:29
Hamim Wiramihardja Coèlho: " Naha sesah geuningan bade ngeusian profil teh......."
Senén, 16 Januari 2017 06:47
Kang Mohen: " Sampurasuun..."
Ahad, 08 Januari 2017 23:29
Roni Rohendi: " Assalamualaikum, ngiring ngaderes palih..."
Rebo, 04 Januari 2017 07:41
Aris Siswanto: " ..."
Rebo, 04 Januari 2017 03:02
Elan Sudjanamihardja: " datang katimgal tarang tea meureun nya. nya bade ngiringan didieu yeuh da geuning ari nyiar pangarti mah tue aya watesna, boh umur atanapi tempat, sugan we aya paedah sareng mangpaatna. sim kuring ti aachen, jerman watesan ka walanda sareng belgia, elan sudjanamihardja, ari di aachen mah barudak mahasiswa nyarebatna..."
Ahad, 01 Januari 2017 22:33
Ridwan Melodian Plain: " Sampurasun..."

Tatangga Sabeulah

Kénging Godi Suwarna
Dipidangkeun dina lapak 04 Fébruari 2013 16:41:26

Poporogok. Lila-lila jadi agréng. Imah tatanggana. Nu ngan ukur kaselang kebon Pa Kuwu. Sawahna ngalegaan. Upluk-aplak. Balongna di mana-mana. “Teu sangka Nyi Ratih rék beunghar kitu,” ceuk Kang Sobar ka pamajikanana. Nyi Endit jebi. Kakeuheulna manjang. Da Nyi Ratih sasat ngarebut Kang Iman. Baréto. Jaman lalagasan. Kaceuceubna jadi sirik. Saprak Nyi Ratih jadi TKI. “Bulan hareup rék mulang heula, cenah!” ceuk Kang Sobar. Nyi Endit tiba nyuredik. Enya wé. Nyi Ratih cunduk. Urang lembur guyur. Narepungan. Nyi Endit kalah jejebris. “Yeuh, ti Nyi Ratih,” ceuk Kang Sobar nu karék jol tas manggihan. Cepuk. Cepuk dibuka. Bréh. Kongkorong emas. Aya suratan sacewir: ‘Ceu, hapunten abdi...’ cenah. Nyi Endit tuluy ngahuleng. Hareugeueun. “Karunya geuning Nyi Ratih téh,” ceuk Kang Sobar. Isukna, Nyi Endit teu burung ngalongok. Gok. Pajonghok. Jenghok. Nyi Ratih imut. Maur. Bangun jauh panineungan. Awakna ukur sabeulah. Da cenah nu sabeulah deui mah teu meunang mulang. Pakepuk di nagri sabrang.

Komentar (50)

Noorfatah Muhammad Dimyati
Dupi nu sabelah deui teh carogena kitu, hehehe...
Godi Suwarna
Noorfatah Muhammad Dimyati:"Hehe..! Nyanggakeun, Ang..."
Mulyana SA
Ang TKI pisan harur... teu kabayang bisa hirup sabeulah. haruh duka vertikal atanapi horizontal popotonganana teh. Nu jelas surahan sanesna bisa langkung jembar. bisa bae nya ang raga badagna di enonesia mung lelembutanana teu milu balik jiga nu lang lang ling ling. Duka ketang.. Tegep Ang. Sanes ukur reuwas tapi matak hemeng
Jonny Taurus
Heded , jigana negeskeun atawa kaideuan komen Ang Perbu kamari ngeunaan "Tatangga Sabeulah" ... Nyanggakeun jempol ti sim uing...
Mahpudin
Hahahahaha.. abdi tos curiga tina judulna... ari pek teh, yes.. yes.. yes.. teguhana nyata... heuheuheu....
Dadi Arya
Waduuuuh, Kakang Prabu...! Pun uing tangka nyasaran awak sorangan. Sieun teu jangkep. Heug, ngulayab kamana boa. Teuing ku pangabutuh atawa ngumbar kahayangna. Haruuuh!
Ahmad Fawzy Imron
Bahasa nu basajan, diolah kalayan basajan. Namung ayana tamsil nu ngagambarkeun kaleungitan sabeulah hate wangkid kang iman direbut, bet aya 'karma' nu malindes ku wujud kaicalan sabeulah waruga, estu lenyepaneun nu kalintang 'hejo'na.
Ki Hasan
Hehehe. Sabeulah deui mah jigana katalian kontrak, can rengse, kapaksa minggu hareup ge kudu miang deui ngalongok deui nu sabeulahna. Aya transisi tina kultur tukang tani nu biasana bengkung ngariung bongkok ngaronyok, kana kultur urban, warga dunya.
Godi Suwarna
:"Ieu fikmin kaidean ku fikminna Jang Haji Shohiba Nu'man nu judulna sami nanging benten eusi. Nyanggakeun, Sujaaaank...!" :D
Godi Suwarna
Ki Sunda Sawawa:" Hehe..! Surahanana mah sumangga nyanggakeun bae, Ang..! Mung, ieu fikmin kaidean oge ku novelna Italo Calvino, pangarang kalahiran Kuba nu gede di Itali. Dina novelna nu aheng, judulna hilap deui, anjeunna nyaritakeun veteran perang nu mulang ka lemburna. Nya kitu, awakna kari sabeulah, leres-leres sabeulah, da nu sabeulah deui ancur di medan perang..."
Dadan Sutisna
Sateuacan kana eusi, simuing nembé di opat pangarang mendakan kecap /nyuredik/ téh. Kahiji, dina karangan-karangan Raka Perbu. Upamana dina “Sandékala” aya kalimah: “Boga bapa kalah weureu kartu. Hayoh wé ngadu, sakitu geus sagala ledis,” Bi Lasih /nyuredik/. Kitu deui dina ieu fikmin. Nu kadua, dina buku carita “Parawan jeung Dedemit” kénging Yus Rusamsi, aya kalimah: “Biwirna nyuredik siga boléd buruk sésa beurit, pikajijieun. Ari buukna anu ngariringkik, ngarerewig jeung bau hapeuk.” Nu katilu dina buku “Mirah Dalima” kénging Kis WS., aya katerangan: “cék pamajikanana bari /nyuredikkeun/ biwirna”. Dina Mahér Basa Sunda, Tatang Sumarsono ngadamel kalimah: ngasin = tanggah bari biwir luhurna /nyuredik/ (nanging teu diterangkeun naon hartina). Dina kamus-kamus lianna, kecap /nyuredik/ teu kapendak. Sakitu heula rupina perkawis /nyuredik/.
Indah Eka Lestari
Wiiiw... Keren Bah Godi, nyaah teuing sabeulah deui teu tiasa ngiring uih. Tujuh jempol katumbiri kanggo Abah :D
Ki Hasan
Boa /nyuredik/ teh sinonimna tina /jebi/ kitu Kang Dadan Sutisna: biwirna rada dipenyonkeun, bari semu monyong, biwir handap ditarik careham handap satarikna. Bari ngaheos "wheh!". Hehehe
Dedi Herdiana
ck,,, ck,, muwantafff
Teti Taryani
Ninggang di jalmi nu sibuk, nu sering katingker ku tugas mah ningan dugi ka bumi teh kantun leuseuhna. Sakinten aya keneh kakiatan sanaos kantun sabeulah. Narajang pami seepeun energi mah, panginten nu nyesa teh teu sabeulah-sabeulah acan. Fikmin inspiratif pisan ...
Mulyana SA
Ang Godi Suwarna uingah ngalaman jadi TKI 12 tahun di Madrasah Arab. Nu sok baralik sabeulah teh ning seueurna ku paripolahna sorangan. Atawa bangsa urang nu ngadagangkeun kaburan. tegeeeeeep Ang . nostalgia uingah
Érwin Wahyudi
Janten émut kapungkur jaman aya kénéh dongéng Wa Képoh. "Héy tatangga sabeulah?" Atuh kitu mah éta téh kalepatan Wa Képoh, panginten, Kang Prab? Da maenya asana téh aya tatangga nu awakna dugi ka sabeulah..!
Godi Suwarna
Jonny Taurus:"Yaktos, kitu pisan, Ang...! Etang-etang ngabentenkeun kecap 'sabeulah' dina basa Sunda sareng 'sebelah'-na basa Enonesa..."
Godi Suwarna
Apoedy Sarah Ihsan:"Haha...! Tangtos kana kitu. Kantenan nu tos uninga bentenna 'sabeulah' sareng 'sebelah' mah..!" :D
Godi Suwarna
Dadi Arya:"Kade, Ang Dad..! Boa awak urang ge tos kantun sabeulah. Mung, teu karaos we ku urangna..! Haha..."
Dedi Herdiana
haha,,,
Nasrul Jatnika
"Hadeuh, pungkasanana matak ngajenghok. Ari diemut deui, boa enya waruga sabeuleugeunjeur teh geus kari sabeulah, Yang Perbu Godi Suwarna. Nu sabeulah deui mah di cangcang deungeun. Iasa ngaliwatan padamelan anu matak mopohokeun purwadaksi manusa. Tiasa oge geus teu puguh jugjugan balik. Marukeun balik teh ngan ukur ka lembur, padahal 'lembur' nu sayakti mah, engke mangsa geus maot. Tiasa oge kantun sabeulah teh, alatan rasa anu geus kapincut ku nagri sabrang (atanapi sabalikna, inget wae ka lembur?). Boa di dituna geus boga kikindeuwan nu bisa jadi panyarandean jang ngistirahatkeun pikir. Haduh, sigana bakal jadi mangrewu-rewu tapsir alatan aya jalma sabeulah balik ka lembur. Hebring, Yang Perb. Fikmin anu nganteurkeun pamaca kana rupa-rupa 'boa-boa'. Mangga nyanggakeun jempol badag jaba pepel...hehehehhe. (y) (y) (y) (y) (y)."
Ida Nurulhuda
Kawas Nyi Endit, abi gé hareugeueun ku nu sabeulah...,
Rameli Agam
Fikmin nu midangkeun sketsa sosial nu patali jeung dinamika kahirupan TKI. Ieu mah seja babagi midangkeun informasi, Kang Prab. Program seleksi kalawan daria nempatkeun TKI ka luar negri nu dilakonan dua taun katompernakeun, tetela saeutik gedena geus ngurangan jumlah kasus TKI tepi ka 48 persen. Eta program teh pikeun ngabebenah sistim jeung mekanisme nempatkeun tur nangtayungan TKI. Dina taun 2010, aya 60.399 kasus TKI. Taun 2011 : 44.432 kasus. Taun 2012 : 31.528 kasus. Program dimimitian tina samemeh nempatkeun di daerah-daerah, pelatihan ngawasa basa jeung miboga kaparigelan, paham kana hak tur kawajiban, katut mikanyaho kana hukum jeung aspek legal sejenna. Eta hal pikeun ngaronjatkeun ajen calon TKI, sarta ngabebenah manajemen organisasi nu ngokolakeun TKI. Dumasar data Balai Pelayanan Kepulangan Tenaga Kerja Indonesia (BPKTKI) taun 2012, jumlah kasus TKI lolobana kaalaman ku TKI di Arab Saudi (8.940 urang), Uni Emirat Arab (5.545 urang), Qatar (4.061 urang), Taiwan (3.231 urang), katut di Singapura (2.380 urang). Kasus-kasus nu kaalaman teh di antarana wae PHK sangeunahna, pasualan dunungan, tatu lagu mancen gawe, gaji teu dibayar, pelecehan seksual, dikakaya, katut pagawean nu teu luyu jeung kontrak kerja. Ngungkulan eta pasualan malar teu deui kajadian atawa ngurangan jumlah kasus TKI di luar negri, mangka kudu aya tarekah geusan nyampurnakeun kawijakan nempatkeun sarta nangtayungan TKI, masilitasan operasional katut ayana SOP ngungkulan pasualan TKI, advokasi kalawan noron, sarta ketak nanjeurkeun nangtayungan hukum pikeun TKI di luar negri.
Shohiba Nu'man
Waah.. Meungpeun. Heuheu.. "Tatangga Sabeulah" di nu abi mah fikmin gagal ungkara, nu ieu mah estu disimboliskeun pisan, Kang Prab.. Ebreh maksada. Ampuuun..! Eta tungtungna, aya ku nikmaat...! Nuhuuun. Katampi "berbalas fikminna". :D
Ida Nurulhuda
Kawas Nyi Endit, abi gé hareugeueun ku nu sabeulah...,
Godi Suwarna
Ahmad Fawzy Imron:"Hatur nuhun surahanana nu sakitu mundelna, Yi Haj..! Sim uing salaku tukang ngarang teu weleh ngantos surahan nu matak nambihan kajembaran eusi fikmin...! Kitu deui surahan nu mangrupi koreksi, kangge ningkatkeun karancagean..."
Godi Suwarna
Ki Hasan:"Taah, eta, Ki Haj..! Sim uing mah sok 'terkagum-kagum' ku nu baretah ngumbara lami di mancanagara. Da rumaos sakalieun nganjang sakedap ge uingah sok hayang buru-buru mulang. Paling lami betah teh ukur sabulan. Ka dituna mah sok kalah carangkeul hate.." :D
Godi Suwarna
Dedi Pakot:"Hatuuur nuhuuun, Aaang...! Mugia tiasa namper sasieureun, sabeunyeureun..."
Dedi Herdiana
sami-sami kakang prabu, tangtos seueur pisan,,,
Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu
leres ieu mah tatangga sabeulahna téh, da geuning awakna gé kari sabeulah, panyésaan tina hukuman...Nasib TKI
Godi Suwarna
Nasrul Jatnika:"Weiiis, surahan nu euyeub kacida ku 'boa-boa'..! Da yaktos pisan, pamaca mah mung ukur tiasa nyurahan ku 'boa-boa'. langkung seueur 'boa-boa'-na, fikmin bakal langkung jembar. Tah, tina surahan Yi Haji, uing gaduh ide pikeun ngedit pungkasan ieu fikmin. Ungkara; 'Pakepuk di nagri sabrang' diedit janten; 'Kasarung di nagri sabrang'. Asa bakal langkung jembar. Hatur nuhuun, Yi Haaaaj..."
Godi Suwarna
Teti Taryani:"hehe..! Singhoreng, simanahoreng, ieu fikmin tiasa disurahan sapertos kitu oge, nya, 'Ceuk..? Wanita karier nu teu weleh sibuk pakepuk sapertos Aceuk..! Siiip dekh..! Nuhuuun, 'Ceueueuk...!"
Godi Suwarna
Érwin Wahyudi;"Muhun, emut pissan kana gorowok Wa Kepoh: 'Heey, tatangga Sabeulaaah..!' cenah, dina hiji iklan radio. Sok sanaos dilepatkeun ku para ahli basa Sunda, nanging eta iklan janten kakoncara pisan, da janten dedengeun...! Hoyong seuri ku kalepatanana..."
Godi Suwarna
Dadan Sutisna:"Weiiis, hebring kitu komenna, Jang..! dugi ka emut carita naeun wae nu aya kecap 'nyuredik', malah lengkep dicutat jeung kalimahna. Ck,ck, ck..! Tepi ka bisa kitu ari Jang Dadan...! Heibaaat dekh..."
Godi Suwarna
Indah Eka Lestari:"Haha..! Nuhun jemp[ol katumbirina, Neneng...! Der deui mikmin, ah..! Tos lami uing teu maca fikmin Neng Indah..."
Irman N Dimyatié
:"Uing nyobaan nyurahan 3 kalimah nu panungtung; 'Awakna ukur sabeulah. Da cenah nu sabeulah deui mah teu meunang mulang. Pakepuk di nagri sabrang.' 1. Awakna sabeulah, naha palebah kenca atanapi beulahan katuhu tina awakna, pastina potongan vertikal sanes horizontal. Sabab, mun dpotong horizontal mah disebutna awakna kari sapotong. Naha luhurna atawa handapna wungkul. Hartina Nyi Ratih cacad fisik. 2. Istilah awak sabeulah, bisa wae makna 'randa'. Naha randa resmi atawa henteu. Bisa jadi Nyi Ratih teh kawin siri di nagri sabrang. 3. Bisa oge Nyi Ratih salila di nagri sabrang kakandungan. Boga anak. Anakna ditinggalkeun di ditu. Haruuuh...!!! Ang Perbu Godi Suwarna. Mun ku uing dituturkeun naon nu aya dina uteuk uing, moal cukup sapoe sapeuting uing uleng mikir kaditu kadieu. Lega surahaneunana. Fikmin model kieu nu uing resep teh. Pamaca bakal boga surahan sewang-sewangan. Pamaca miluan asup kana jero carita. Milu ngararasakeun kumaha keuheul jeung geuleuhna hate Nyi Endit ka Nyi Ratih. Miluan ngararasakeun kumaha sedih jeung tugenahna hate Nyi Ratih... Pokona ti uingah jempoooool sa-Cibiru diborongkeun ka Ciamis. Mangga nyanggakeun, Ang!"
Agus Bagja
Haduuuh meni linu hoyong nafsiran. Ngirinagn Ki Sunda ah tafsirna.
Dedi Herdiana
ah, sim kuring mah ngabandungan be, resep eung,,, mulungan elmu. hehe
Agus Bagja
Kang Dedi, sami pun Uning ge. Pami aya fikmin Ang Godi sok diilo, dialak-diilik, hoyong kataekan kumaha ari elmu mikmin.
Entjep Sunardhi
Cacakan awak sabeulah teu burung matak reueus, teu kawas kalolobaan nu hirup nyorangan sok dipaké jadi alesan keur ngabenerkeun alesan, "Ih atuh uyuhan, bibi mah ukur pangawak sabeulah ...". Ari 'tatangga sabeulah' mah sakumaha nu katéwak ku akang tarjamah langsung anu 'léterlek' tina basa tatangga deukeut. Jempol yi Godi Suwarna, mugia kapetik saripatina.
Kang Bibih
Punten Ang Godi simkuring badé tumaros, ari nyuredik sareng poporogok, hartosna naon? Margi simkuring di garut mah tara ngadangu eta kecap teh. Hatur nuhun. Kasaha wé pang walerkeun.
Dedi Herdiana
pun uing mah kalahka inget kana lauk asin sabeulah. hihihi. haduhhhh,,,, otak pun uwing janten rada muter kieu. pinuh ku soal-soal teka-teki dina caritaan ieu. pokona mah muwantafff pisan lah kang prabu. ke.. ke,,, asana peryogi yeuh caritaan bagean ka-2 na. diantos ah...
Neneng Yatikurniati
aduh hawatos ka Nyi Ratih.
Agus Bagja
wilujeng tepang Teh Neneng di lapak Ang Godi. He he
Neneng Yatikurniati
muhun, tapi nembe tiasa komentar, panginten, da akun nu enggal mah teu acan lebet jigana
A. Halim Kusumadjati
Boa-boa kakantun di basement, Wa. Rada meped kana fakmin ieu mah Wa. Haruuh..prihatin.
Maman Damiri
Waduh ampun , meni ngenes eta awak nu sabeulah teu meunang mulang .
Rudi Riadi
Haduh...Kang Prab. Ieu amah fikmin teh renjaganana kajudul-judul. Ngarenjag tadina mah. Naha kang Godi nyerat judul ku istilah anu dipermasalahkun. Manahoreng...hhaha...teuleumaneun ieu mah. Sim uing salaku murid kang Godi, seja seba jempol dibarung rasa isin. Geuning puj uing teh can bisa nanaon.
Sarjang
Kahiji uingah resep Fikminna : Ku samporetna lahan, nu nyerat bisa ngagambarkeun sagala rupa. Uing bisa apal kunaon Nyi Endit sirik, kumaha kahirupan Nyi Ratih, kumaha hirup maranehna, malahan kagambar sakumaha deukeutna imah Nyi Endit jeung imah Nyi Ratih. Tug nepi ka surealisna ieu Fikmin, bisa kagambarkeun kalawan jentre. Kadua, resep komenna : Perkawis "nyuredik" anu dibejerbeaskeun ku Ang Dadan, dina basa lisan di wewengkon Karawang, uing sok mindeng ngadangu kecap "nyuruwidil", ieu kecap teh, kirang langkung sami hartosna sareng "nyuredik", dilarapkeun kana biwir nu nilep ka luar, dibarengan ku delek semu ngewa kacida. Kitu panginten... Duka leres duka henteu...