Kaluar ti masigit, kuring ngarandeg. Kacapanon dilaan. Dielap ku tungtung baju. Tuluy dipaké deui. Tetempoan angger teu robah. Ti luhur, cahaya ngeprul tingkaretip-tinggurilap. Ngalieuk ka belah lebak. Kekebul ngainten. Ngarambang ‘na luhur cai kulah. Tingburilak. Tapi naha? Batur mah asa haré-haré. Kalaluar ti masigit, maraké sendal, langsung ngagaridig. Teu narempoeun kitu!? “Ah! Boa...” Ras inget kajadian ba’da maghrib. Keur wiridan tasbéh ujug-ujug pegat. “Beu! Ieu mah.” Gancang kuring balik. Gura-giru. Nepi ka imah, teu uluk salam. Jeblag panto dibukakeun. Pamajikan nu keur nilepan mukena ngarénjag. Bus asup.“Alhamdulillaaa...h” satengah lumpat muru pamajikan nu keur olohok. Tuluy ditangkeup. Rét kana meja. Dua ranggeuyan tasbéh ngagalolér. Gigireunna, siki tasbéh nu geus barubuk. Kuring cengkat. merong raray pamajikan. Manéhna imut madu. Bari mikeun sajadah, pok nyarita “Ieu sajadah nu rarawing tos dikaputan, kantun nu barolongna. Mangga ku akang pangnambalkeun.”