Geus leuwih ti sajam manèhna nangtung di dinya. Ngahuleng sisi basisir nu ngaguruh, dibarengan gelebugna angin pasosorè. Langit pulas beureum, kawas getihna harita. Ti kajauhan kaciri manuk camar luhureun laut nu hurung. Sorè ieu, ombak tingjelegur leuwih ti sasari, lir amarahna dina hiji waktu. Lila-lila cai laut tepi kana sukuna, kawas ngeueum ragana baheula. Lambak silih udag nyimbeuhan bitisna nu taranjang. Buukna ririaban katebak angin. Kalan-kalan nutupan beungeutna. Tapi manèhna kalah anteng neuteup laut, nènjokeun manusa-manusa biadab. Manèhna, Èdna, ngalèos deui, bari moal aya saurang gè nu bisa nènjo warugana….