Cigunung, Lukisan kénging Yus Rusamsi
Update: 23 Agustus 2013 15:10:22
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Jumaah, 26 Juli 2013 11:41
De Sopandi: " Assalamualaikum wr wb.... hatur nuhun kana pangangkenan...mudah- mudahn janten amal nusae pikeun urang..."
Ahad, 14 Juli 2013 19:12
Nyai Endit: " Baraya FBS, salira tiasa oge ngagabung di lapak nu aya di facebook. Ieu alamatna: http://www.facebook.com/groups/fikminsunda/ Atuh nu hoyong katingal karyana, eusian heula data salira. Carana: saparantos log in ka dieu, teras paluruh jenengan salira. Kitu (asana..."
Kemis, 11 Juli 2013 12:29
Teh Ning: " assalamu alaikum..sampurasun..kumaha ieu teh, formuliurna teu kapendak..."
Kemis, 27 Juni 2013 14:29
Asep Nurjamin: " Hapunten, dupi koméntar anu dicatet lajeng dijumlah janten peperenian hiji fikminer téh, koméntar anu kumaha? Maksad téh, kumaha carana supados hiji koméntar kacatet? Hatur..."
Rebo, 12 Juni 2013 05:38
Hendra Raira Purnama: " hatur nuhun tiasa diangken, nepangkeun sim kuring ti cianjur, mung neda sihapunten saupami arang ngalongok margi di leuweung mah sesah sinyal neng inetna,,,, salam pangwanoh ka sadayana,,,, hurip..."
Salasa, 11 Juni 2013 19:47
J Jaenal Arif: " assalamualaikum wr wb,nepangkeun sim kuring ti karawang hyong silaturahim sareng baraya..."
Salasa, 11 Juni 2013 19:46
Opik Tobas: " ..."
Jumaah, 07 Juni 2013 12:00
CieAmbu Hoyongjanten Kuwu: " assalamalaikum......aduh....hampunten..sim abdi bingung,,formulirna teu aya wae......"

Peuting Peteng

Kénging Herdi Pamungkas
Dipidangkeun dina lapak 31 Januari 2013 20:46:16

Hujan ngaririncik. Jas hujan dibalangkan luhur taneuh beureum. Cik kénéh meunang ngagali. Kalacat. Gerung. Mobil dihirupan. Nyemprung meulah peuting. Balati dibulen ku lamak bodas. Rembes beureum. Lung ka kéncaeun jalan. Kaca diturunkeun deui. Rét kana sepion tengah. Jurungkunung ti kolong jok. Buukna gimbal. Lenyap. Cekitttt. “Balég ngajankeun mobil téh koplok!” nu tukangeun nyiap bari nyarékan. Manéhna neuteup nu tadi katénjo. “Téténjoan,” gigisik. Det. Nincak gas satarikna. Biur. Panasaran. Rét deui kana sepion. “Surti?” Mojang diuk. Beungeutna kareumpeukan buukna anu gimbal. Guley jeung taneuh beureum.Ramo-ramona nu léncop tur garetihan nyingraykeun buuk nu ngahalangan. Lenyap. Bréh. Janggana nu tatu ngamalirkeun getih. Seger. Cekittttt. Jedak. Gurudug. Brug. Gerung.

Komentar (33)

Irfan El Fikr
Haddduuuh... Horor pisaaan... #culang-cileung...
Kantika Sofian
malem jumaah...sepi... hujan ngaririncik.. uing maca fikmin puriding puringkak... iiihhh....keueung.....
Herdi Pamungkas
kang Irfan nyanggakeun, dina raraga nyambut wengi jumat kaliwon....
Irfan El Fikr
Hatur nuhun Ang. Katampi pisan muringkakna. Kabayang... Hiiih.... Nyaan na ge janten sieun... heuhe
Atang Soeryana
Cekittt. Jeduk. Gurudug. Brug. Gerung. Kulahek. Kelepek. Ih... meni matak muringkak
Herdi Pamungkas
teh Kantika Sofian aya ku kaleresan, sami ngaririncik....resepeun rupina liar dina wengi jumat dina kaayaan sapertos kitu....nyanggakeun wilujeng wengi jumaah....
Herdi Pamungkas
kang Irfan hatur nuhun upami katampi mah muringkakna, wengi jumaah tea rada geueuman dinu poek turta aya di tengah-tengah makam nu tebih ka ditu ka dieu...iwal ti tutunggul nu parentul, sareng gupayna daun samoja katur hanjuang....hihihi...waas....
Irfan El Fikr
Ah Kang Herdi mah...Kalah ngawawas.... tuluuuung... Mangkaning abdi nj ntorangan.... Hadduuuuh...
Herdi Pamungkas
kang Atang Soeryana nyanggakeun, kang, Cekittt. Jeduk. Gurudug. Brug. Gerung. Kulahek. Kelepek. ....sareng muringkakna.....mugia katampi kalayaan kabingahan....
Herdi Pamungkas
kang Irfan kaleresan atuh upami nuju nyalira mah jongjon, bilih ke aya nu keketrok istri tengah wengi ulah disaha-saha....
Irfan El Fikr
Hadeuuuh... ampun...
Yuharno Uyuh ONod
Ha Aang pisan, fikmin puringkak. Siiiip.
Abah Sarjang
Haruh... Untung uing macana isuk-isuk... Sip Kang!
Dewi Ratna Damayanti
hiiiyyy... amit-amit jabang bayi... zsieuuuunnnn....
Herdi Pamungkas
kang Irfan nyanggakeun....hihihi...
Herdi Pamungkas
kang Yuharno Uyuh tambi lumayan, kang.....
Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu
halah...Surti aya deui
Herdi Pamungkas
kang Abah Sarjang kaleresan, hatur nuhun.....sareng wilujeng....
Herdi Pamungkas
teh Dewi Ratna Damayanti nyanggakeun....hatur nuhun....
Herdi Pamungkas
teh Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu tos lami teu ngalalakonkeun Surti....wios teu patos rame ge nya....tambi lumayan be ieu mah...hihihi...hatur nuhun....
Irfan El Fikr
Heuheu... Da danget ayeuna mah abdi tos aya rencangna Kang... Janten teu sieun... Heuheu
Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu
cekap sakieu gé matak muringkak
Herdi Pamungkas
kang Irfan nuhun atuh upami kitu mah, sareng kaleresan enjing mah malem minggu. janten sabangsaning ririwa teh libur heula nyingsieunan jalmi, margi garaduh acara malem mingguaan...kitu wartosna....
Herdi Pamungkas
teh Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu hatur nuhun,
Irfan El Fikr
Ha . . . Baruk sabangsa ririwa, ngayas ogè Kang? heuheu
Herdi Pamungkas
kang Irfan wartosna mah sami, margi aranjeuna ge kedah hiburan....da nyingsieunan bae mah jenuh saurna (heureuyna). Sabangsaning jin Qorin, kang, emang nunutur lampah manusa (sariusna).....
Irfan El Fikr
Kutan? Manakitu pun uing teh dituturkeun jin atuh nya Kang? haduh,, janten rada sur-sèr beginih ieu teh...
Herdi Pamungkas
kang Irfan teu kedah sur-ser, ieu gera aya sala sawios kateranganana, mangga nyanggakeun; ^ Imam Ahmad dan Imam Muslim, Nabi Muhammad bersabda kepada Abdullah Mas'ud, "Setiap kamu ada Qarin daripada bangsa jin, dan juga Qarin daripada bangsa malaikat." Mereka bertanya: "Engkau juga ya Rasulullah." Sabdanya: "Ya aku juga ada, tetapi Allah telah membantu aku sehingga Qarin itu dapat kuislamkan dan hanya menyuruh aku dalam hal kebajikan saja." (Hadits riwayat Ahmad dan Muslim).
Irfan El Fikr
Oh... Hatur nuhun Kang. Janten terang yeuh...
Herdi Pamungkas
kang Irfan sawangsulna, kang. Nu mawi upami aya jalmi maot, qorin mah henteu. Nya anjeuna nu ngarekam lalakon hirup urang.....kawenehan be ku nu sanes...."Ririwa si anu bari lumpat!"
Irfan El Fikr
Emh... Janten sanès jurigna nu maot èta nya Kang?
Herdi Pamungkas
kang Irfan jurig mah rupina sebatan jalmi be, ieu geura mangga nyanggakeun salah sawios ayat nu netelakeun ngeunaan roh jalmi nu maot; “Allah memegang jiwa (orang) ketika matinya dan (memegang) jiwa (orang) yang belum mati di waktu tidurnya; maka Dia tahanlah jiwa (orang) yang telah Dia tetapkan kematiannya ……” (Az Zumar : 42)
Irfan El Fikr
Muhun, muhun... Tah geuning elmu ... Hatur nuhun Ang...