Update: 06 Agustus 2016 02:59:25
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Ahad, 19 Maret 2017 16:02
Yusuf S. Martawidénda: " Naha akun sim kuring dina web ieu janten aya dua. Nu hiji namina : Yusuf S Martawidenda Nun hiji deui namina : Yusuf S. Martawidénda nu hiji teu ngangge curek. Nuhiji deui ngangge curek dina e-na. TAPI NU LENGKEP DATA PROFILNA AKUN NU E-NA TEU NGANGGE CUREK HATUR..."
Salasa, 14 Maret 2017 16:22
Abdul Haris: " Alhamdulillah, kotrétan téh, tiasa katawis deui dina web. Hatur nuhun, Kang Dan...."
Kemis, 16 Fébruari 2017 12:29
Hamim Wiramihardja Coèlho: " Naha sesah geuningan bade ngeusian profil teh......."
Senén, 16 Januari 2017 06:47
Kang Mohen: " Sampurasuun..."
Ahad, 08 Januari 2017 23:29
Roni Rohendi: " Assalamualaikum, ngiring ngaderes palih..."
Rebo, 04 Januari 2017 07:41
Aris Siswanto: " ..."
Rebo, 04 Januari 2017 03:02
Elan Sudjanamihardja: " datang katimgal tarang tea meureun nya. nya bade ngiringan didieu yeuh da geuning ari nyiar pangarti mah tue aya watesna, boh umur atanapi tempat, sugan we aya paedah sareng mangpaatna. sim kuring ti aachen, jerman watesan ka walanda sareng belgia, elan sudjanamihardja, ari di aachen mah barudak mahasiswa nyarebatna..."
Ahad, 01 Januari 2017 22:33
Ridwan Melodian Plain: " Sampurasun..."

RÉdÉnominasi

Kénging Yusuf S. Martawidenda
Dipidangkeun dina lapak 31 Januari 2013 18:53:20

Warung bi Mimin téh di gunung, sisi jalan nu nanjak pinuh ku batu malah aya nu sagedé munding sagala, keur mah deuih sisi gawir pisan. Nya, sepi. Tukang ojég gé taraklukeun ngan hiji dua nu wanieun atawa nékad mawa panumpang ka lebah dinya bari hargana sok nyekék pisan. Harita matapoé bangun nu alum. Hujan ngaririncik. Reg opat motor trél eureun hareupeun warung. Jrut tujuh panumpangna tarurun. Jalabrig. Kumis, janggot jeung godég paranjang. “Tos 309 taun éh menit momotoran capé ogé, raos upami ngopi”. Ceuk Tamlikha, ketua raiderna ka bi Mimin. Song bi Mimin ngasongngkeun cikopi, kulub hui, kulub sampeu, kulub jagong jeung gula kawung. “Baradé Kamana aden téh nyanyandak domba sagala?”. Domba téh, si Kithmir, bibit unggul pikeun dikawinkeun jeung domba lokal nu aya di gunung éta. Sabarahaeun bi ? Sapuluh rébueun. Golosor sapuluh pérak. Nuhun. Sami-sami. Bi Mimin neruskeun nonton TV satelitna.

Komentar (16)

Entjep Sunardhi
"Aki mah bieu téh kulub hui saésé, sabaraha?". Bi Mimin nembal,"Dua ratus limapuluh pérak, Ki." ( Aki-aki bingung ...)
Maman Damiri
Heuheu hareueuh.....sae pisan kang !
Yayan Bedog Supriatna
siap-siap baé unggal barang/jasa bakal aya 2 bandrol harga saheulaanan mah
Yusuf S Martawidenda
pa haji Entjep Sunardhi, sok sanaos di gunung bi Mimin mah teu kakantun informasi. Nuhun kana jempol sareng pangrojongna.
Yusuf S Martawidenda
Ang Maman Damiri, nuhun pisan ang tos kersa rurumpaheun.
Indah Eka Lestari
Sae...! Tokoh ashabul kahfi wungkul heuheu. jempoool :D
Rita Rosita
Heu heu ke mah pulsa ge cekap lima ratuseun ...
Yusuf S Martawidenda
Ang Yayan 'Bedog' Supriatna, sok sanaos tv, hp sareng alat informasi dugi ka pasisian teu ngajamin sosialisasi redenominasi sykses.
Yusuf S Martawidenda
Muhun Neng Indah Eka Lestari. Di ditu mah artosna teu laku (tapi nilaina tinggi margi antik) di dieu mah nganggo artos nu bade diberlakukeun.
Indah Eka Lestari
Oh kitu nya Uwa. Hatur Nuhun. Uwa kumaha damang? :)
Yusuf S Martawidenda
Reseplah maos surahan ang Deni perkawis neng Indah Eka Lestari dina web FBS.
Rudi Riadi
asik, kang. santai pisan. sanaos aya redenomonasi oge, tenang we, nu penting tu kakantun info.
Yusuf S Martawidenda
Leres ang Rudi Riadi. Maenya kawon ku bi Mimin nu linggih di gunung tapi teu kakantun info margi kagungan tv satelit nu dipanggaleuhkeun ku putrana TKI di Arab.
Sarjang
Redenominasi... Sip Ang..!
Yusuf S Martawidenda
Hatur nuhun Abah Sarjang tos kersa rurumpaheun. Tadina mah badé dijudulan Ashabus Safar, mung sieun disangki nébéng tenar. Da jeung saenyana tokohna mah nebeng ti ashabul kahfi. Sakali deui nuhun.
Rameli Agam
Dina proses tahapan lumakuna redenominasi, nu kedah diperhatoskeun teh sanes mung ngarobih denominasi angka digit wungkul, tapi oge kedah diperhatoskeun sual psikososial-budaya.