Cigunung, Lukisan kénging Yus Rusamsi
Update: 22 Juli 2013 12:40:22
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Ahad, 14 Juli 2013 19:12
Nyai Endit: " Baraya FBS, salira tiasa oge ngagabung di lapak nu aya di facebook. Ieu alamatna: http://www.facebook.com/groups/fikminsunda/ Atuh nu hoyong katingal karyana, eusian heula data salira. Carana: saparantos log in ka dieu, teras paluruh jenengan salira. Kitu (asana..."
Kemis, 11 Juli 2013 12:29
Teh Ning: " assalamu alaikum..sampurasun..kumaha ieu teh, formuliurna teu kapendak..."
Kemis, 27 Juni 2013 14:29
Asep Nurjamin: " Hapunten, dupi koméntar anu dicatet lajeng dijumlah janten peperenian hiji fikminer téh, koméntar anu kumaha? Maksad téh, kumaha carana supados hiji koméntar kacatet? Hatur..."
Rebo, 12 Juni 2013 05:38
Hendra Raira Purnama: " hatur nuhun tiasa diangken, nepangkeun sim kuring ti cianjur, mung neda sihapunten saupami arang ngalongok margi di leuweung mah sesah sinyal neng inetna,,,, salam pangwanoh ka sadayana,,,, hurip..."
Salasa, 11 Juni 2013 19:47
J Jaenal Arif: " assalamualaikum wr wb,nepangkeun sim kuring ti karawang hyong silaturahim sareng baraya..."
Salasa, 11 Juni 2013 19:46
Opik Tobas: " ..."
Jumaah, 07 Juni 2013 12:00
CieAmbu Hoyongjanten Kuwu: " assalamalaikum......aduh....hampunten..sim abdi bingung,,formulirna teu aya wae......"
Senén, 03 Juni 2013 00:59
Ade Iwox: " assalamualaikum.. sampurasun, daramang sadayana..."

FragmÉn Cimata

Kénging Deden Abdul Aziz
Dipidangkeun dina lapak 31 Januari 2013 17:37:11

NGAN sakeclak. Cimata. Ngalémbéréh maseuhan boéh. Terus mapay suklak-siklukna awak nu geus dirurub lemah. Ngorék tulang-taléng jeung saban tangkorék. Ngarandeg lebah embun-embunan. Nyerep ka jero uteuk. Maca pipikiran. Maca sajarah nu tingbelesat kaluar tina sirah. Cimata. Nu ngan sakeclak. Juuh. Terus nyaab. Milu ngabelesat. Jadi méga. Jadi hujan. Jadi kembang. Jadi kukupu. Jadi rupaning ngaran. Ngaran urang. Kuring. Anjeun. Manéh. Sia. Mantenna! Sakeclak cimata. Murba Wisésa.

Komentar (48)

Muhammad Shohiba Nu'man
Tingsariak. Hiks
Apoedy Sarah Ihsan
Ukur sakeclak meni asa nuju di hisab... haruuuhhh....
Indah Eka Lestari
Asiiik... Sae pisan Mang Den, cimata anu ngan sakeclak janten sagala. Resep maosna. wios teu eta cimata janten katumbiri oge? :D
Reni Nurhayati
muriding.. tetela sakeclak cimata bisa jadi naon wae..
Ed Jenura
jibeeehhh... mikmin hiji mikmin kabeh, wkwkwk! sip, Uk...
Rohendi Pandeglang
Alhamdulillah, gara-gara FBS kula jadi bisa nikmat maca, kalimah nu parondok kieu. Sumpah baheula mah, teu bisa nyiar ngeunahna. Kuwari mah bisa eung. Ka Deden A. Najan sa kecap-sakecap tapi nyaan genah, ja milih kecapna nu nyugesti tea. Hehe
Entjep Sunardhi
Bray bae lagu "Rain and Tears" ngalangkangan, ngagalindeng asa deukeut asa jauh. Usum hujan jeung hujan cimata. Jempol yi.
Nyai Endit
Enya, cimata mah bisa nyeungceurikan sagalana. Duit ge diceungcerikan ayeuna mah ningan. E-eh! Naha komen teh nyaliwang? Ah, pokona mah tegep pisan. Asa diayun-ambing.
Godi Suwarna
:"Haruuuh, cimataaaaa...! Cimata murba wisesa. Kacipta mun dibacana keur melow..."
Deden Abdul Aziz
Shohiba Nu'man: Abdi gé tadi wengi sami tingsariak... heuheu
Deden Abdul Aziz
Apoedy Sarah Ihsan: Justru nu sakeclak nu sok galak mah...
Deden Abdul Aziz
Indah Eka Lestari: Dina fikmin mah cimata tiasa janten naon waé. Tiasa janten katumbiri, janten beus, janten buku, janten ucing hideung...
Deden Abdul Aziz
Reni Nurhayati: Sakeclak, sakeclak... Emut kana sajak Kang Godi Suwarna judulna "Cikaracak"...
Deden Abdul Aziz
Endah Dinda Jenura: Méh ramé atuh, Kuyaaaank... Kabita, batur ngapungkeun fikmin, komo ayeuna malem Jumaah
Teti Taryani
Sakeclak cimata ngajadi sagala. Tiris tingpuriding. Asa nuju kakeset ku hinis, Kang Dédén Abdul Aziz...! Aya daya magis nu luar biasa!
Deden Abdul Aziz
Rohendi Pandeglang: Emut baé kana papatah yén kalimah kudu terus diasah, Ka. Terus jadi sok anteng milih kecap. Dirarasa. Dipasang-pasang supaya karasa genah. Nuhun kalandep...
Indah Eka Lestari
Horeee... Upami kitu berarti cimata oge tiasa janten buku anu judulna " Ibadah Daun " nya nya nya kan? heuheu. Tari teh hoyong pisan buku eta teh da, hahha!
Deden Abdul Aziz
Entjep Sunardhi: Heuheu... asa kaémutan deui baheula jaman di kampus sok 'maling dangu' lagu-lagu tina pabétékan Kang Godi Suwarna, salah sahijina albeum Demis Roussos nu aya lagu "Rain and Tears". Leres pisan, Kang, mungguh hujan jeung cimata bet taya béntenna... "Rain and tears all the same, but in the sun, you've got to play the game..."
Deden Abdul Aziz
Nyai Endit: Halah, kumaha atuh Nyai ngayun-ambing ku cimata mah. Tapi enya, cimata tiasa meresihan... soca!
Deden Abdul Aziz
Godi Suwarna: Bari nyipta-nyipta sakeclak cimata nu ngalémbéréh dina damis nu geulis, nu nyalangkrung dina pipi nu tos kariput, nu ngagéndang dina tungtung ambung. Cimata nu ngatur lajuning laku téa, Kakang. Kantenan cimata nu bijilna tina panon lalaki... Dihariringan ku lagu Airmata (Dewa 19), asa nyufi pisan éta lagu!
Erwin Wahyudi
Jadi kumis, jadi janggot. Hehe. Naha sapertos anu tos jangjian ieu téh? kamari nu ngapungkeun téh garwana, ayeuna carogéna. Hehe. Fikminna Ngerenyed pisan, Kang...!
Deden Abdul Aziz
Teti Taryani: Biasana cimata mah kentel ku magis, Aceuk. Kumaha haliwuna pami mayunan istri nu carinakdak, kantenan pameget anu sumegruk... Kacipta!
Deden Abdul Aziz
Indah Eka Lestari: Cimata ogé janten buku "Ibadah Daun". Kin, insyaallah urang nyandak heula bukuna ti penerbit Kiblat. Teu acan seueur kamari nyandakna.
Deden Abdul Aziz
Érwin Wahyudi: Jadi emuaaach ogé, héhéhé... Sanés jangjian, tapi rebutan saha nu tiheula mosting. Kapegat heula ku pertandingan nu hasilna draw téa. Itung-itung cimata Gerrard wé...
Indah Eka Lestari
yes yes yes...! hatur nuhun Mang Den heuheu --ajleng-ajlengan
Rameli Agam
Dina lakrimologi (elmu nu neuleuman cimata), aya cimata fisikal, aya cimata emosional. Cimata nu kaluar alatan rasa emosional teh hade keur kasehatan.
Dadan Sutisna
Can mendakan pikomenan nu bisa ngawakilan hate, sabada maca ieu fikmin. Komo ieu fikmin mah bet aya sari-sari metamorfosis. Nu kitu tea, sakapeung sok hese geuning, da naon nu karasa teu salawasna bisa diwakilan ku aksara. Mung eta Ang, cek simuing, kecap "juuh" mun digentos ku "nyuub", asa bakal langkung kewes disandingkeun sareng "nyaab" teh. Nyuub teras nyaab.
Deden Abdul Aziz
Indah Eka Lestari: sami-sami, Néng...
Deden Abdul Aziz
Rameli Agam: Tiasa janten ogé cimata artifisial, Ang. Mung janten 'penanda'
Deden Abdul Aziz
Dadan Sutisna: Uhun, éta gé tos kaémutan nyandingkeun kecap nyaab sareng nyuub. Mung di luhur tos aya kecap nyerep nu rada mempér kana nyuub. Cuang emutan deui, méh tiasa diédit dina wéb-na...
Nazarudin Azhar
Sakeclak ge cimata, rembesna tina rasa. Fikmin maljum pangngagenyasna, nikmat macana, jaba rea nu bisa dirawel sabot neuleumanana...
Hadi Aks
Cimata. Cai nu pangkentelna kandungan kimiawina, lamun ngeclak tina rasa nu anteb. Cai nu bisa 'nyaritakeun' naon-naon tina anu teu bisa dicaritakeun! Bulak-balik uing macana, adi!
Yuharno Uyuh ONod
Haduh!!! Fikmin jawara, tegeeep!
Abah Helmi
Jeroooooo...vsan Ang, haruuuuh! Teu pira sakeclak nu ngotektak, murak laju mangkak, toooop markotooop!
Deden Abdul Aziz
Nazarudin Azhar: Puguh nyanghareupan maljum bari poé panungtung bulan Januari bet tuluy hayang mikmin, Ang. Ari modal ngan sakeclak cimata. Dirugal-rigel wéh...
Deden Abdul Aziz
Hadi Aks: Nyéta teu kurang-kurang geuning, Aka, nyaritakeun lalampahan cimata téh. Teu kurang-kurang ogé lalaki nu muragkeun cimata dalit jeung rasana. Sono puguh geus lila ngadago-dago Aka ngurunyung mikmin...
Deden Abdul Aziz
Yuharno Uyuh: fikmin jawara tapi moal meunang hadiah pulsa, hahaha...
Deden Abdul Aziz
Helmi Pakudjati: Puguh nuju ngotéktak kecap barang hiji-hiji keur bahan mikmin téh, Bah. Ari goréhél nimu kecap cimata nu geus biasa dipaké, tapi arang diéksplor. Nyobian diréka-réka...
Yuharno Uyuh ONod
Dijamin Ang! heheh
Irman Nurhapitudin Dimyatié
:"Sakeclak cimata boga harti nanding sagara cinta. Tina keclak cimata aya rasa nu hamo leungit sapanjang zaman... Halah...!!!"
Abah Sarjang
Duh.. Tabe Pun..! Uing nu rada lana neuleuman keclak cimata, can bisa ngaguar rusiahna nepi ka dinya. Ku Kang Aom mah, disusud "ngagirang" ceuk basa di uingah. Nyaeta nyusud ti hilir ka girang. Ieu cimata nu sakeclak diudag mundur, nganggo gaya basa flashback dugi ka prah... Murba wisesa.. Hatur nuhun... Fikminna raos pisan!
Deden Abdul Aziz
Yuharno Uyuh: Mudah-mudahan...
Deden Abdul Aziz
Irman N Dimyatie: Sakeclak... Sakeclak... Sakeclak...
Deden Abdul Aziz
Abah Sarjang: Cimata téh hiji hal anu dalit pisan jeung urang, Bah. Mung salami ieu biasana sok idéntik jeung ceurik. Padahal, cék uing, cimata boga riwayat sorangan salian ti jadi tanda lamun manusa keur nandangan kasedih...
Neni Geo Albanjari
Duhh...diaos pan adzan jumatan....meni ketir, keclak cimata ngerepan murubut ngamalirkeun hariwang.... Ari pendak mah sok hilap rek tataros cara mikminna Ang Deden teh jiga kumaha.... bade mulungan elmuna Ang....
Budi Mugia Raspati
Puitis. Jero naker, Ang!
Deden Abdul Aziz
Neni Geo Albanjari: Ti abdina mah mung sakeclak, dugi ka Aceuk janten murubut... heuheu. Perkawis jurus atanapi tata cara mikmin mah sami baé sareng nu sanés, Ceuk...
Deden Abdul Aziz
Budi Mugia Raspati: Nuhun, Ang. Puitis téh mung sakeclak, pami murubut mah angger weé... nyegruk! héhéhé...