Cigunung, Lukisan kénging Yus Rusamsi
Update: 04 Fébruari 2013 10:00:18
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Kemis, 31 Januari 2013 19:14
Nana Sukmana: " , "Weis...! Hébring pisan, Mang Dan. Barang bréh ogé langsung karaos segerna. Warna hejo tina lukisan Yus Rusamsi metot kana suasana anu linduk pikabetaheun. Pasti fikminer-fikminer FBS beuki baretaheun, yeuh! Beuki jarongjon mikminna!..."
Kemis, 31 Januari 2013 13:00
Budi Mugia Raspati: " Lir nuju di lebet kamar hotel bintang. Lux. Agreng. Seger!..."
Rebo, 30 Januari 2013 20:39
Rudi Al-Fajri: " Assalamu'alaikum, mingkin pikabetaheun. Bruh breh sararieup. Nuhun Ang Dadan. Pamugi Ki Sunda murub mubyar..."
Salasa, 29 Januari 2013 19:29
Yusuf S. Martawidenda: " Assalamualaikum, sampurasun. Wéb FBS tambih geulis, tambih campernik. Matak betah ni ningalna. Matak pogot nu macana, Komo nu nyicinganna. Mugia basa sareng kabudayaan Sunda nanjeur. Amin. Mung nyaéta tos rada lami yeuh teu produktip mun susukan mah ieu téh caina nuju saat. Dipaksa kutrat-kotrt, anger wéh lebeng, buntu. Ngiring maosan waé, ngalaik wungkul. Bade usul yeuh. Mugia kapayun mah..."
Salasa, 29 Januari 2013 12:31
Érwin Wahyudi: " Alhamdulillah, web FBS langkung nyetrum tampilanana di awal taun nu énggal téh, tangtosna janten nambihan sumanget kana ngarang fikmin. Hidup Kang Dadan Sutisna, Hidup..."
Senén, 28 Januari 2013 17:23
Abah Sarjang: " Sip... Tumaninah pisan! Sanaos Fiksimini mangrupikeun "genre" anyar dina Sastra Sunda, keur uing nu heureut kabisa mah, asa manggih tempat nu merenah, pikeun ngamalirkeun karesep... Nuhun pisan Juragan..."
Senén, 28 Januari 2013 15:15
Atang Soeryana: " Asalamualikum, abdi pun Atang Suryana urang Serang-Banten kalahiran Sumedang. Tos meh langkung ti tujuh sasih wanoh ka ieu gempungan teh, kataji ku seratan ti para fikminer anu kacida saena, utamina ngiring nyimak (naon basa Sundana nya?) komen-komen anu seueur pisan pulunganeunna. Namung kumaha nya abdi hoyong ulubiung ngomen atanapi ngajempolan teh komo bari nulis fikmin mah da can boga kabisa,..."
Ahad, 27 Januari 2013 21:10
Shohiba Nu'man: " Mingkin agreng. Pikabetaheun pisan. Piraku bae fikminer sareng nu sanesna teu sering ngalongokan. Mugia..."

Sapanjang Jalan Satapak

Kénging Ahmad Fawzy Imron
Dipidangkeun dina lapak 29 Januari 2013 06:11:55

Geus tilu taun. Mapay-mapay, nunutur nu katingali ku tungtung teuteupna. Kadang cicing handapeun kiara, kadang ancrub kana susukan leutik, ngeueumkeun sukuna. Awakna geus rengkung. Sorot panonna ngemu kabingung. "Deudeuh teuing Si Abah. Geus pikun mah tara ditoél-toél acan korsi goyang kameumeutna. Komo mérsi hideung nu unggal usik nganteur ka tempat pangulinan karesepna mah...." Nu diomongkeun angger anteng jeung léngkahna. Léngkah nu simpé. Euweuh sora nu kadéngé, iwal ketug jajantung jeung sora pamajikannana nu tilu taun katukang geus teu aya dikieuna.