Cigunung, Lukisan kénging Yus Rusamsi
Update: 04 Fébruari 2013 10:00:18
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Kemis, 31 Januari 2013 19:14
Nana Sukmana: " , "Weis...! Hébring pisan, Mang Dan. Barang bréh ogé langsung karaos segerna. Warna hejo tina lukisan Yus Rusamsi metot kana suasana anu linduk pikabetaheun. Pasti fikminer-fikminer FBS beuki baretaheun, yeuh! Beuki jarongjon mikminna!..."
Kemis, 31 Januari 2013 13:00
Budi Mugia Raspati: " Lir nuju di lebet kamar hotel bintang. Lux. Agreng. Seger!..."
Rebo, 30 Januari 2013 20:39
Rudi Al-Fajri: " Assalamu'alaikum, mingkin pikabetaheun. Bruh breh sararieup. Nuhun Ang Dadan. Pamugi Ki Sunda murub mubyar..."
Salasa, 29 Januari 2013 19:29
Yusuf S. Martawidenda: " Assalamualaikum, sampurasun. Wéb FBS tambih geulis, tambih campernik. Matak betah ni ningalna. Matak pogot nu macana, Komo nu nyicinganna. Mugia basa sareng kabudayaan Sunda nanjeur. Amin. Mung nyaéta tos rada lami yeuh teu produktip mun susukan mah ieu téh caina nuju saat. Dipaksa kutrat-kotrt, anger wéh lebeng, buntu. Ngiring maosan waé, ngalaik wungkul. Bade usul yeuh. Mugia kapayun mah..."
Salasa, 29 Januari 2013 12:31
Érwin Wahyudi: " Alhamdulillah, web FBS langkung nyetrum tampilanana di awal taun nu énggal téh, tangtosna janten nambihan sumanget kana ngarang fikmin. Hidup Kang Dadan Sutisna, Hidup..."
Senén, 28 Januari 2013 17:23
Abah Sarjang: " Sip... Tumaninah pisan! Sanaos Fiksimini mangrupikeun "genre" anyar dina Sastra Sunda, keur uing nu heureut kabisa mah, asa manggih tempat nu merenah, pikeun ngamalirkeun karesep... Nuhun pisan Juragan..."
Senén, 28 Januari 2013 15:15
Atang Soeryana: " Asalamualikum, abdi pun Atang Suryana urang Serang-Banten kalahiran Sumedang. Tos meh langkung ti tujuh sasih wanoh ka ieu gempungan teh, kataji ku seratan ti para fikminer anu kacida saena, utamina ngiring nyimak (naon basa Sundana nya?) komen-komen anu seueur pisan pulunganeunna. Namung kumaha nya abdi hoyong ulubiung ngomen atanapi ngajempolan teh komo bari nulis fikmin mah da can boga kabisa,..."
Ahad, 27 Januari 2013 21:10
Shohiba Nu'man: " Mingkin agreng. Pikabetaheun pisan. Piraku bae fikminer sareng nu sanesna teu sering ngalongokan. Mugia..."

Kusut

Kénging Puri Kania Pramanik War
Dipidangkeun dina lapak 24 Januari 2013 18:08:09

Saprak kalungguhannana dirarad, ngadadak baluweng malah deukeut-deukeut kana linglung, mun ngomong sok ngalantur, haté nu pangjerona asa dipréprékan, mamalana komplikasina kana sirahna, jangar lain lumayan, otakna ngadadak kusut teu puguh, rieut mikiran kudu kumaha ngagugat ka nu geus mecat.
Ras ka tukang pokrol nu geus meres duit manéhna, ngan ukur tikekereket, hanas séba ratusan juta sangkan angger jadi raja, ari nu jol bet putusan ti MA.
“Aing geus kabalinger….” Gerendengna bari ngajenggutan buukna, ngorowotan eusi sirahna, polo nu pajurawet dilelempeng bari dipapay, susuganan kapanggih jalan kaluarna pikeun ngungkulan masalahna, nu kapanggih ngan ukur SMS nu unina nyerahkeun popotongannana.
Keuheul, ambek nyedek tanaga midek, polona dikulawit-kulawit, diuwak-awik nepi ka ngalungsar lebah mumuncangannana.
Teu walakaya ngaleupaskeun kalungguhannana.