Cigunung, Lukisan kénging Yus Rusamsi
Update: 04 Fébruari 2013 10:00:18
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Kemis, 31 Januari 2013 19:14
Nana Sukmana: " , "Weis...! Hébring pisan, Mang Dan. Barang bréh ogé langsung karaos segerna. Warna hejo tina lukisan Yus Rusamsi metot kana suasana anu linduk pikabetaheun. Pasti fikminer-fikminer FBS beuki baretaheun, yeuh! Beuki jarongjon mikminna!..."
Kemis, 31 Januari 2013 13:00
Budi Mugia Raspati: " Lir nuju di lebet kamar hotel bintang. Lux. Agreng. Seger!..."
Rebo, 30 Januari 2013 20:39
Rudi Al-Fajri: " Assalamu'alaikum, mingkin pikabetaheun. Bruh breh sararieup. Nuhun Ang Dadan. Pamugi Ki Sunda murub mubyar..."
Salasa, 29 Januari 2013 19:29
Yusuf S. Martawidenda: " Assalamualaikum, sampurasun. Wéb FBS tambih geulis, tambih campernik. Matak betah ni ningalna. Matak pogot nu macana, Komo nu nyicinganna. Mugia basa sareng kabudayaan Sunda nanjeur. Amin. Mung nyaéta tos rada lami yeuh teu produktip mun susukan mah ieu téh caina nuju saat. Dipaksa kutrat-kotrt, anger wéh lebeng, buntu. Ngiring maosan waé, ngalaik wungkul. Bade usul yeuh. Mugia kapayun mah..."
Salasa, 29 Januari 2013 12:31
Érwin Wahyudi: " Alhamdulillah, web FBS langkung nyetrum tampilanana di awal taun nu énggal téh, tangtosna janten nambihan sumanget kana ngarang fikmin. Hidup Kang Dadan Sutisna, Hidup..."
Senén, 28 Januari 2013 17:23
Abah Sarjang: " Sip... Tumaninah pisan! Sanaos Fiksimini mangrupikeun "genre" anyar dina Sastra Sunda, keur uing nu heureut kabisa mah, asa manggih tempat nu merenah, pikeun ngamalirkeun karesep... Nuhun pisan Juragan..."
Senén, 28 Januari 2013 15:15
Atang Soeryana: " Asalamualikum, abdi pun Atang Suryana urang Serang-Banten kalahiran Sumedang. Tos meh langkung ti tujuh sasih wanoh ka ieu gempungan teh, kataji ku seratan ti para fikminer anu kacida saena, utamina ngiring nyimak (naon basa Sundana nya?) komen-komen anu seueur pisan pulunganeunna. Namung kumaha nya abdi hoyong ulubiung ngomen atanapi ngajempolan teh komo bari nulis fikmin mah da can boga kabisa,..."
Ahad, 27 Januari 2013 21:10
Shohiba Nu'man: " Mingkin agreng. Pikabetaheun pisan. Piraku bae fikminer sareng nu sanesna teu sering ngalongokan. Mugia..."

Nu Léngsér Kaprabon

Kénging Puri Kania Pramanik War
Dipidangkeun dina lapak 24 Januari 2013 15:21:12

Rét kana meja paranti gawéna, manéhna ngahuleng, ras kana kalungguhannana nu geus dirarad ku MA, kelir nu geus disawang bari dirarancang ku tukang pokrol, ngalumbruk di juru panto, najan adug songkol hayang ngaburak-barik, tapi teu bisa kukumaha. Manéhna ngan bisa ceurik, asa dihianat ku rapat paripurna.
Manéhna ngaheruk, isuk pagéto bakal turun ti lawang amanah rayatna, medal sila ti lawang karatonna. Alun-alun panonoban sewu rayat nu ngusir manéhna , ngaguruh ku sora émprak, jiga nu ngéra-ngéra. Babancong tempat adu rényom rayatna, ngagakgak nyeungseurikeun manéhna.
Berebet manéhna lumpat sakalumpat-lampét, tarik lir mimis bedil, hah-héh-hoh, buah birit ngadadak hapa, titatarajong, tibabaranting, ngajurahroh lebah mumuncangannana bari ngeukeupan kalungguhannana.

Komentar (4)

Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu
Bongan sorangan kéna-kéna gaduh jabatan tadina, asa aing uyah kidul, tos kitu mah kantun kduhung nu aya
Puri Kania Pramanik War
Muhun kitu Teh, tebar pesona namung disarengan ku nepak dada, janten weh matak nyeri ka diirina
Asep Komara
"Waduh..geuning dibabantun keneh nya. Bakat ku lebar rupina. Belaan birit hapa...hahaha...edun fikminna." (Y)
Puri Kania Pramanik War
Kang Asep, lebar ku tilas modalna tuda Kang Asep Komara, kari-kari dirarad, mangkaning teu acan ngala bati, nembe modal we nu kagentosan teh.... hatur nuhun Kang