Ku Godi Suwarna
Hujan ngagegebrét. Sapeuting. Dua peuting. Bangawan lébléban. “Ngagundulan nu di girang. Caahna ka hilir-hilir,” ceuk Tukang Parahu. Rumahuh. Dina peuting nu katujuh. Hujan terus ngagegeder. Lembur-lembur gumuruh. Lalongsor. Tukang Parahu rus-ras. Ka Burangrang. Gunung Tunggul. Ka talaga asih nu bedah ku amarahna. Nu kiwari ngaguludag. Narajang kota. Bangawan neuleumkeun dayeuh. “Tuluuuung..! Tuluuung..!” kapireng nu tinggorowok. Nu ngarangkleung. Nu marucicid dina hateup-hateup. Tukang Parahu ngawelah. Sésélékét antara gumplukan sarah; bangké mobil, bangkarak imah, sasatoan. “Sangkuriaaang..!” kadéngé nu gera-gero. Bréh. Dayang Sumbi. Ngaléngléong dina catang. Gura-giru diburu. Ukur karawél Boéh Rarangna. Da puguh banjir kalah beuki ngaguludug. Sirah caah ngajanggélék jadi Anjing Hideung. Badagna kabina-bina. Nyungungung. Nangtang padungdung. “Modaaar, Tumaaang!” Tukang Parahu nyorowok sabot nyuruwuk. Pangwelahna diheumbatkeun. Ger tarung pagulung-gulung. Tingjelegur. Tinggeleger. Dina poé kasalikur. Dayeuh ngolétrak. Kasampak bangké Anjing katindihan ku parahu nu paburantak. Tukang Parahu ngabedega di béh wétan. Ngirab-ngirab Boéh Rarang di dayeuh nu nyamagaha. Bruy-bray. Balébatna midang deui.