Cigunung, Lukisan kénging Yus Rusamsi
Update: 04 Fébruari 2013 10:00:18
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Kemis, 31 Januari 2013 19:14
Nana Sukmana: " , "Weis...! Hébring pisan, Mang Dan. Barang bréh ogé langsung karaos segerna. Warna hejo tina lukisan Yus Rusamsi metot kana suasana anu linduk pikabetaheun. Pasti fikminer-fikminer FBS beuki baretaheun, yeuh! Beuki jarongjon mikminna!..."
Kemis, 31 Januari 2013 13:00
Budi Mugia Raspati: " Lir nuju di lebet kamar hotel bintang. Lux. Agreng. Seger!..."
Rebo, 30 Januari 2013 20:39
Rudi Al-Fajri: " Assalamu'alaikum, mingkin pikabetaheun. Bruh breh sararieup. Nuhun Ang Dadan. Pamugi Ki Sunda murub mubyar..."
Salasa, 29 Januari 2013 19:29
Yusuf S. Martawidenda: " Assalamualaikum, sampurasun. Wéb FBS tambih geulis, tambih campernik. Matak betah ni ningalna. Matak pogot nu macana, Komo nu nyicinganna. Mugia basa sareng kabudayaan Sunda nanjeur. Amin. Mung nyaéta tos rada lami yeuh teu produktip mun susukan mah ieu téh caina nuju saat. Dipaksa kutrat-kotrt, anger wéh lebeng, buntu. Ngiring maosan waé, ngalaik wungkul. Bade usul yeuh. Mugia kapayun mah..."
Salasa, 29 Januari 2013 12:31
Érwin Wahyudi: " Alhamdulillah, web FBS langkung nyetrum tampilanana di awal taun nu énggal téh, tangtosna janten nambihan sumanget kana ngarang fikmin. Hidup Kang Dadan Sutisna, Hidup..."
Senén, 28 Januari 2013 17:23
Abah Sarjang: " Sip... Tumaninah pisan! Sanaos Fiksimini mangrupikeun "genre" anyar dina Sastra Sunda, keur uing nu heureut kabisa mah, asa manggih tempat nu merenah, pikeun ngamalirkeun karesep... Nuhun pisan Juragan..."
Senén, 28 Januari 2013 15:15
Atang Soeryana: " Asalamualikum, abdi pun Atang Suryana urang Serang-Banten kalahiran Sumedang. Tos meh langkung ti tujuh sasih wanoh ka ieu gempungan teh, kataji ku seratan ti para fikminer anu kacida saena, utamina ngiring nyimak (naon basa Sundana nya?) komen-komen anu seueur pisan pulunganeunna. Namung kumaha nya abdi hoyong ulubiung ngomen atanapi ngajempolan teh komo bari nulis fikmin mah da can boga kabisa,..."
Ahad, 27 Januari 2013 21:10
Shohiba Nu'man: " Mingkin agreng. Pikabetaheun pisan. Piraku bae fikminer sareng nu sanesna teu sering ngalongokan. Mugia..."

Lieur

Kénging Puri Kania Pramanik War
Dipidangkeun dina lapak 12 Januari 2013 21:27:10

Dasar nu laloba duit, mun teu agul tangtuna adigung malah sok ngadadak lieur jeung bodo, geura we sélébritis nu tayang di unggal TV, bakat ku loba duit ngadon liburan ka San Fransisco bari terus agul dina twitterna, cenah manéhna jalan-jalan ka Sun Francisco nu usum salju, bet jadi seuri macana ge, nulis San jadi Sun, enya apan kecap sun dina basa inggris mah hartina panonpoé, dina basa Sunda hartina nyium.
Aya deui nu rada lieur, éta ahli télématika naha bet dijungjunglungguh janten Ménpora, lieur puguh gé.
Hiji deui nu ngadadak lieur téh, eta tukang pokrol, bet hayang nyalon présiden sagala, atawa geus jamanna kitu jaman lieur, sélébritis jadi politikus, politikus jadi sélébritis.

Komentar (14)

Eel Nurlaela
Hhehhhehe Rupina jalmi na neng anu nuju lieurrr mah !
Kokom Komariah
Supados teu lieur nuang bodrek geura..he..he..
Agus Bagja
Mugia urang mah teu kacacandak lieur. Jempol ah.
Puri Kania Pramanik War
Tah eta teh Eel Nurlaela, jalmina, namung heranna eta Neng Syahrini nu gaduh gelar SH, naha nyerat San Francisco bet janten Sun Francisco
Puri Kania Pramanik War
Teh Kokom....hehehe..... kedah ka Bandung atuh meserna ka Apotik Dede Yusuf
Puri Kania Pramanik War
hatur nuhun Kang Agus Bagja, numawi nuju lieur numawi nyerat Fikmin#lieur# hehehe
Agus Bagja
Kantenan di abdi mah nuju musim angin. Der marasang kolecer, nambih lieur.....
Jonny Taurus
Moal Cetar Membahana, upami teu lieur mah teh....
Puri Kania Pramanik War
hehehe....
Eel Nurlaela
Hehhehe SH na SakaHayang pangiten geulisSs !
Puri Kania Pramanik War
Kang Jonny Taurus, punten nuju lieur ieu teh, dupi hartosna Cetar teh naon?
Puri Kania Pramanik War
Tah duka pami SH = Sagala Hayang mah, janten barieukeun lumpatna kana lieur
Jonny Taurus
kirang ngartos abdi ge teh Puri Kania Pramanik War, Mantenna sok nyarios nganggo istilah eta, dumeh rumaos kaaos tweet na di tweet abdi. mung bade di RT meni pahibut pada nyeungseurikeun ....
Puri Kania Pramanik War
Euh kitu nyah...(bari teras ngahuleng ngemutan 'cetar')