Update: 06 Agustus 2016 02:59:25
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Ahad, 19 Maret 2017 16:02
Yusuf S. Martawidénda: " Naha akun sim kuring dina web ieu janten aya dua. Nu hiji namina : Yusuf S Martawidenda Nun hiji deui namina : Yusuf S. Martawidénda nu hiji teu ngangge curek. Nuhiji deui ngangge curek dina e-na. TAPI NU LENGKEP DATA PROFILNA AKUN NU E-NA TEU NGANGGE CUREK HATUR..."
Salasa, 14 Maret 2017 16:22
Abdul Haris: " Alhamdulillah, kotrétan téh, tiasa katawis deui dina web. Hatur nuhun, Kang Dan...."
Kemis, 16 Fébruari 2017 12:29
Hamim Wiramihardja Coèlho: " Naha sesah geuningan bade ngeusian profil teh......."
Senén, 16 Januari 2017 06:47
Kang Mohen: " Sampurasuun..."
Ahad, 08 Januari 2017 23:29
Roni Rohendi: " Assalamualaikum, ngiring ngaderes palih..."
Rebo, 04 Januari 2017 07:41
Aris Siswanto: " ..."
Rebo, 04 Januari 2017 03:02
Elan Sudjanamihardja: " datang katimgal tarang tea meureun nya. nya bade ngiringan didieu yeuh da geuning ari nyiar pangarti mah tue aya watesna, boh umur atanapi tempat, sugan we aya paedah sareng mangpaatna. sim kuring ti aachen, jerman watesan ka walanda sareng belgia, elan sudjanamihardja, ari di aachen mah barudak mahasiswa nyarebatna..."
Ahad, 01 Januari 2017 22:33
Ridwan Melodian Plain: " Sampurasun..."

Gara-gara Si Éta

Kénging Neneng Yatikurniati
Dipidangkeun dina lapak 12 Januari 2013 10:12:22

Tah si éta geus aya deui di TV. Ngomongna teu balég deui baé. Kamari ngajejeléh batur pédah béda séke sélér. Ayeuna ngajejeléh nu séjén deui, cenah teu pantes jadi gupernur, bari manéhna nepak dada, ngarasa pantes jadi présidén, da buktina manéhna nyebutkeun rék nyalon présidén. Gara-gara manéhna anu saprofési jeung kuring, profési kuring disaruakeun jeung spérma. Ceuk sala saurang anu mairan omongannana. "Advokat mah teu béda jeung spérma, ti sajuta, ngan hiji anu balég."

Komentar (38)

Neneng Yatikurniati
ralat, saatosna kecap omongannana, kedahna koma(,)
Samo Sutardi
untung sanes sperma ... eh advokat
Godi Suwarna
:"Uhun, nya, Bu Nenk..! Sok aya-aya wae. Ngawiwirang! Dasar Si Eta...! " ;)
Abah Iseng
manawi teh alvuket, abdi tukang alvuket di pasar dumay
Iwan Hanjuang
Wow ..fikmin masa kini, tegep Ceneng..
Neneng Yatikurniati
Apa Samo Sutardi, muhun...hehehehe
Neneng Yatikurniati
Kang Godi Suwarna. Eta si Eta tea, Kang. Hehehe. Matak isin ngadangukeunnana.
Neneng Yatikurniati
ih ari Abah Iseng mah. Nuhun Abah
Neneng Yatikurniati
Wow. Nuhuuuuuun pisan Kang Iwan Hanjuang. Katampi jempolna. hehe
Neneng Yatikurniati
nuhun Kang Usman Ali M, Kang Rameli Agam, Kang Nasrul Jatnika, Ayi Shohiba, Teh Endah Dinda Jenura, Ki Hasan, Mbi Chymepm, sareng Abah Sarjang. Wilujeng sholat lohor.
Remi Purwaka Sadkar
Hahahha.. Peureus, Aceuk! Peureusssss...!
Neneng Yatikurniati
muhun Kang Remi Purnama Alam Sadkar. disamikeun sareng taeun. haha
Neneng Yatikurniati
nuhun Teh Maya Pancanaka, Kang Is Tuning, sareng Kang Erwin Wahyudi. Wilujeng siang.
Neneng Yatikurniati
nuhun Teh Miadi Yani sareng Teh Ismawatie Sambas. Wilujeng siang
Endang Rochimat
Gelas gelas kaca .....hilap deui lah kadituna heu heu
Neneng Yatikurniati
Muhun tah geuning kang Endang Rochimat mah apal ka istrina. Hehe
Neneng Yatikurniati
nuhun Teh Sri Sutrianti. Wilujeng sholat ashar
Neneng Yatikurniati
nuhun Pa Rudi Al-Fajri, Kang Soendara Djatiseba, sareng Teh Dewi Mentari, Teh Dewi Rengganis, Kang Helmi Pakudjati, sareng Ambu Tisum Sunda.Wilujeng sonten
Miadi Yani
Beuh, terlaluhhhh
Neneng Yatikurniati
saha anu terlaluh teh? si eta? atanapi anu nyaruakeun advokat jeung sperma? Teh Miadi Yani
Miadi Yani
Dua2na wae. Hahaha
A. Halim Kusumadjati
Gustiiii..Nu Agung! emh.. meni kadinya dipapandekeunana, ateuhhanyir eta mah...halaaah!
Neneng Yatikurniati
oh muhun Teh Miadi Yani.
Neneng Yatikurniati
halaaaah abdi mah teu terang Kang Helmi Pakudjati.Da eta leres aya anu nyarios kitu. hehe
Neneng Yatikurniati
nuhun Kang Yuharno Uyuh. Wilujeng sonten
A. Halim Kusumadjati
Teh Neneng Yatikurniati, sawios da eta salah sahiji resiko padamelan, "biarkan anjing menggonggong, kabilah birat lumpat" heheu..sieuneun disegag.
Neneng Yatikurniati
hahahaha. upama tea mah leres tiasa dipapandekeun sareng eta, mudah2an kahoyong abdi, abdi teh kalebet anu hiji ti sajuta tea. emmmh kahoyong. nembe kahoyong
Neneng Yatikurniati
nuhun Kang Agus Bagja, Kang Asep Rachmat, Teh Sri Subarisih sareng Teh Nining Sariningsih. Wilujeng wengi
Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu
Horéng kitu ari advokat téh, langki anu leresna?
Neneng Yatikurniati
saur komentator, hehehehe. leres henteu na mah nyanggakeun Teh Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu. Da anu sanes anu langkung terang, tiasa ningal kalayan objektif. hehehehe
Yuharno Uyuh
Tegep, Teh.
Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu
Leres, teu sadayana sami, ulah disakompétdaunkeun
Neneng Yatikurniati
nuhun Kang Yuharno Uyuh. Wilujeng wengi
Neneng Yatikurniati
sumuhun Teh Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu. Da sadayana profesi oge, uih deui ka masing2 individu.
Neneng Yatikurniati
nuhun Kang Dodi Rohyadi sareng Kang Jonny Taurus. Wilujeng wengi
Neneng Yatikurniati
nuhun Kang Nazarudin Azhar sareng Teh Rita Rosita. Wilujeng wengi
Rita Rosita
Wengi deui Teh Neneng .....
Neneng Yatikurniati
nuhun Kang Endang Rochimat sareng Kang Ahmad Syarif wilujeng wengi