Habek! Habek! Mesin cuci beulah jadi tujuh. Jas hujan disosoék. Komputer dicacag jadi sawelas bagian. Krekk, pedang dipiteskeun pinuh ku kaceuceub. Belewer dibalangkeun kana rak piring, pré, kabéh pareupeus. Beling pabalatak. Ku manéhna dibungkus ku sepré dihijikeun jeung sapatu butut. Digémbol. Gedig ka tukangeun imah. Brak! Panto gudang ditajong sahabekna. Sendal anyar meuli milu ngacleng. “Anjir teh!” pokna kukulutus bari mulung sendal. Lung gémbolan dialungkeun ka jero gudang. Ngék ucing hideung katinggang. “Puas siah!” Cekés. Gur. Gudang hurung ngabebela. “Gara-gara sia aing kalaut, sétaaaan…!” Belewer batu ngalayang tina leungeunna basa bulan nyeungseurikeun. Térékél manéhna kana tarajé, nunjuk-nunjuk bulan nu beuki ngeunah ngagakgak. Hing ceurik kanyenyerian. Gubrag awakna ragrag, ngajapapang dina taneuh. Ti lebah péngkolan aya nu datang nyampeurkeun…”Uing milu sungkawa!” pokna bari rambisak ngasongkeun kembang.