Cigunung, Lukisan kénging Yus Rusamsi
Update: 04 Fébruari 2013 10:00:18
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Kemis, 31 Januari 2013 19:14
Nana Sukmana: " , "Weis...! Hébring pisan, Mang Dan. Barang bréh ogé langsung karaos segerna. Warna hejo tina lukisan Yus Rusamsi metot kana suasana anu linduk pikabetaheun. Pasti fikminer-fikminer FBS beuki baretaheun, yeuh! Beuki jarongjon mikminna!..."
Kemis, 31 Januari 2013 13:00
Budi Mugia Raspati: " Lir nuju di lebet kamar hotel bintang. Lux. Agreng. Seger!..."
Rebo, 30 Januari 2013 20:39
Rudi Al-Fajri: " Assalamu'alaikum, mingkin pikabetaheun. Bruh breh sararieup. Nuhun Ang Dadan. Pamugi Ki Sunda murub mubyar..."
Salasa, 29 Januari 2013 19:29
Yusuf S. Martawidenda: " Assalamualaikum, sampurasun. Wéb FBS tambih geulis, tambih campernik. Matak betah ni ningalna. Matak pogot nu macana, Komo nu nyicinganna. Mugia basa sareng kabudayaan Sunda nanjeur. Amin. Mung nyaéta tos rada lami yeuh teu produktip mun susukan mah ieu téh caina nuju saat. Dipaksa kutrat-kotrt, anger wéh lebeng, buntu. Ngiring maosan waé, ngalaik wungkul. Bade usul yeuh. Mugia kapayun mah..."
Salasa, 29 Januari 2013 12:31
Érwin Wahyudi: " Alhamdulillah, web FBS langkung nyetrum tampilanana di awal taun nu énggal téh, tangtosna janten nambihan sumanget kana ngarang fikmin. Hidup Kang Dadan Sutisna, Hidup..."
Senén, 28 Januari 2013 17:23
Abah Sarjang: " Sip... Tumaninah pisan! Sanaos Fiksimini mangrupikeun "genre" anyar dina Sastra Sunda, keur uing nu heureut kabisa mah, asa manggih tempat nu merenah, pikeun ngamalirkeun karesep... Nuhun pisan Juragan..."
Senén, 28 Januari 2013 15:15
Atang Soeryana: " Asalamualikum, abdi pun Atang Suryana urang Serang-Banten kalahiran Sumedang. Tos meh langkung ti tujuh sasih wanoh ka ieu gempungan teh, kataji ku seratan ti para fikminer anu kacida saena, utamina ngiring nyimak (naon basa Sundana nya?) komen-komen anu seueur pisan pulunganeunna. Namung kumaha nya abdi hoyong ulubiung ngomen atanapi ngajempolan teh komo bari nulis fikmin mah da can boga kabisa,..."
Ahad, 27 Januari 2013 21:10
Shohiba Nu'man: " Mingkin agreng. Pikabetaheun pisan. Piraku bae fikminer sareng nu sanesna teu sering ngalongokan. Mugia..."

Tepung Salangkung

Kénging Ahmad Fawzy Imron
Dipidangkeun dina lapak 24 Désémber 2012 21:15:34

Hujan nu rerengkogan. Méga mah anteng ngahieuman.
Caangna beurang méh kalimpudan. Anjeun anteng
melak peueut sisieun jalan. Ukur saliwat karérét, tapi
haté kuring ngadadak nyebrét. Reg, eureun. Kaca mobil
diturunkeun. ''Punten, Néng...euh, dupi nami abdi saha,
nya?'' geumpeur. Mobil terus laju.

Komentar (28)

Muhammad Shohiba Nu'man
:D
Ahmad Fawzy Imron
:D
Godi Suwarna
:"Whahaha...! Kasamber guludug, kitu saur istilah di lemburna Don Vito Corleone, dugi ka hilap kana jenengan sorangan..."
Ahmad Fawzy Imron
Kang Godi...pami di lembur abdi mah, disebatna 'eumeur' nu kitu teh...hehe
Yuharno Uyuh ONod
"Ahhay..! Aang Haji, dugi ka kituna etah, wey sugan mah.." Tegep sakedik matak ngalageday.
Ahmad Fawzy Imron
Kang Uyuh...heuheu...ieu mah etang2 ngabeberah manah we, kang...sambil ngararaoskeun pegel pedah kapegat macet 3,5 jam di cileunyi..
Ki Sunda Sawawa
wantun galeuh teu wantun ulah geuleuh.... sederhana penuh makna Ang... lanjut
Ahmad Fawzy Imron
Ki Sunda Sawawa....kitu pisan, rupina, nun. Htr nuhun.
Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu
ambuing..dugi ka amnesia ari ningal nu mencrang mah
Erwin Wahyudi
Nami abdi Erwin.. Teras bade kumaha? Hehehe
Purnama Alam
Haruuuh! Asyiik! Raos dijengkangkeunana, Aaang! Tobaaat! Cintaaaa!
Rameli Agam
hahaha.. nami abdi? aya da dina KTP ge.. abdi? Obon, Ujang Obon.. hehe.. mantap Ang..
Ahmad Fawzy Imron
Teh Nyimas...numawi, ti aalit kituna teh. Tos bakat...hehe
Ahmad Fawzy Imron
Kang Erwin...bade nain, nya? Bade kabur we ah.... Isin :)
Ahmad Fawzy Imron
Kang Remi....tah eta, Kang....cinta tea... Heu
Ahmad Fawzy Imron
Kang Agam...Ujang Obon bin Haji Syuja'i, rupina...hehe
Yanti Sri Budiarti
he he angger..! Miara hareeng...:D
Ahmad Fawzy Imron
Teh Yanti....hehe...tos bakat atuda. Hareeng forever... :)
Entjep Sunardhi
Nu gedé kahayang loba kahariwang, jadi muriang poho kana paniatan. Jempol.
Ahmad Fawzy Imron
Pa Entjep Sunardhi....hatur nuhun, pangersa...
Lies Tjandra Kancana Sudarma
Katawis jalmi bageur....
Ahmad Fawzy Imron
Teh Lies...sumuhun. Bageur pisan...
Yayan 'Bedog' Supriatna
teu bireuk deui, salira Aka H. AFI téa, hihii...
Teti Taryani
Kasima kelas kakap...! heuheu...
Ahmad Fawzy Imron
Kang Yayan 'Bedog' Supriatna....hehe...si kopeah dengdek tea, nya Kang? :)
Ahmad Fawzy Imron
Ceu Teti Taryani...kelas lumba-lumba malihan mah... Hehe
Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu
teraskeun pupuk bakatna ...heuheu
Ahmad Fawzy Imron
Teh Nyimas.... Siapppp laksanakan... :)