Jungjunan,
tepang sareng salira téh waktos girimis munggaran.
Harita, tatangkalan tingkulisik lalaunan dina dada sabada halodo panjang.
Laun-laun, kembang mangkak di puseuring kalbu kuring.
Lajeng urang sasarengan ngambung dalingding katresnan.
Jungjunan,
kapan hujan teras ngecrek waktos urang sapatemon diamparan pirang-pirang kekembangan.
“Asih urang bakal langgeng dumalingding!” kitu saur salira harita,
waktos manah nuju cipruk ku kageugeut nu langkung meueut ti madu.
Nanging, hujan tambih nyéah baé. Angin puyuh ujug-ujug gumelebug!
Jungjunan,
salira bet teras ngejat. Boa jaheut ku cucuk kembang katresnan saparantos birahi kantun ruhakna. Hujan tambih ngagegebrét. Salira duka di mana.
Kuring bati rumanggieung milari ringkang salira ti halimun ka halimun,
di antawis tatit sareng guludugna.
”Jungjunan,
salira kebat ka mana?” jerit kuring kasilih gumuruh banjir, lemah urug,
koceak mangpirang jalmi nu dikepung ku balai.
Salira biheung di mana.
“Jungjunan,
“Di dieu, kuring nyuuh kana tetengger sorangan…”