Update: 06 Agustus 2016 02:59:25
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Ahad, 19 Maret 2017 16:02
Yusuf S. Martawidénda: " Naha akun sim kuring dina web ieu janten aya dua. Nu hiji namina : Yusuf S Martawidenda Nun hiji deui namina : Yusuf S. Martawidénda nu hiji teu ngangge curek. Nuhiji deui ngangge curek dina e-na. TAPI NU LENGKEP DATA PROFILNA AKUN NU E-NA TEU NGANGGE CUREK HATUR..."
Salasa, 14 Maret 2017 16:22
Abdul Haris: " Alhamdulillah, kotrétan téh, tiasa katawis deui dina web. Hatur nuhun, Kang Dan...."
Kemis, 16 Fébruari 2017 12:29
Hamim Wiramihardja Coèlho: " Naha sesah geuningan bade ngeusian profil teh......."
Senén, 16 Januari 2017 06:47
Kang Mohen: " Sampurasuun..."
Ahad, 08 Januari 2017 23:29
Roni Rohendi: " Assalamualaikum, ngiring ngaderes palih..."
Rebo, 04 Januari 2017 07:41
Aris Siswanto: " ..."
Rebo, 04 Januari 2017 03:02
Elan Sudjanamihardja: " datang katimgal tarang tea meureun nya. nya bade ngiringan didieu yeuh da geuning ari nyiar pangarti mah tue aya watesna, boh umur atanapi tempat, sugan we aya paedah sareng mangpaatna. sim kuring ti aachen, jerman watesan ka walanda sareng belgia, elan sudjanamihardja, ari di aachen mah barudak mahasiswa nyarebatna..."
Ahad, 01 Januari 2017 22:33
Ridwan Melodian Plain: " Sampurasun..."

Ki Sunda Ngimpi

Kénging Akoer Lah
Dipidangkeun dina lapak 22 Désémber 2012 09:43:05

Lugay ti panyepénan. Rap suku kana sendal, laju lumantung di buruan. Suku dikekejét, leungeun babatek, cangkéng dipuralat-purilit. Nguliatkeun urat murungkut. Ngalélésang balung rengkung, balas wirid sapeupeuting. Keur boga maksud. Geus opat peuting ngimpi kadatangan opat tamu. Peuting kahiji nu datang téh ngakuna Tarusbawa ti Karajaan Sunda Sambawa. Anjeunna masihan batu jamrud bari nyarios : “Gura bukakeun panto karuhun!”. Peuting kadua nu datang téh ngakuna Sri Baduga. Anjeunna masihan pedang bari nyarios : “Geura usir dedemit nu rék metikan kembang Pasundan!”. Peuting katilu, nu datang téh nini-nini. Turun ti bulan kana tarajé kancana bari mamangku ucing hideung. Si Nini nyarios : “Naha bener Ki Sunda rék aya nu mergasa?. Mun kapanggih mangkelukna, rungkup ku sepré kabuyutan ieu, tinangtu jadi tumbila!”. Peuting kaopat, nu datang teh mamaké jas hujan. Jol na ti péngkolan lebah gudang sapatu. Ngakuna téh Mendikbud. Manéhna nyarita : “Basa Sunda téh bakal angger diajarkeun di sakola!”.

Komentar (32)

Maman Damiri
Walahhhhh ...tegep eung . Kumaha damang Yayi Dipati ?
Akoer Lah
Alhamdulillah, Kang Damiri, aya dina hibar pangésto. Tadina mah badé diabenkeun, nga tos katoong bakal jadi jawara harapan ka 72 cenah, hahaha....
Iwan Hanjuang
Asa kecap " Kapolres" euweuh ieu teh.?
Maman Damiri
Hahahah.....kutan kitu ...
Herry Suftandar
Leres, tegep pisan..
Iwan Hanjuang
Nu Penting mah ceuk akang , kabeh salaku Fikminer anu sok ngeusi rohangan di FBS wajib milu hajat Yi, ulah mikiran masalah PINUNJUL, pokona ngilu aub Yi.
Ki Hasan
Mantap! Abenkeun kana lapak Saembara Ngasah Fikmin. Mung tanda baca masih kaleuleuwihi ieu teh: loba teuing. Toong geura: [ karuhun!”.], [Pasundan!”.], [tumbila!”. ], jeung [sakola!”.]. Titikna bisa dipupus, da fungsi panyeluk, panalek, sareng titik teh sami, keur nutup kalimah.
Samo Sutardi
alus euy impianana ...
Akoer Lah
Naon Kapolres teh Kang Iwan ? "Kalah ngomPol ngeres? hahaha... (muhun Kang Iwan & Kang Hasan, badé diémutan deui naha dilebtkeun atawa entong, nuhun pisan koreksina).
J.H.Noegraha
Barina ge teu pararuguh teuinganan, bet rek ngababadan basa nu geus rapet jeung sakujur awaking. Keun we nini anteh mah da geus puguh tempatna di ditu, ari eta si Kabayan jeung si Buncireung rek dikurebkeun di mana ?.
Rudianto Surya HS
Hahaha... Mantep pisaaaan, uingah sapagodooos! Fikmin jawara ieu mah... ideu briliyan Ang. Nyanggakeun tilam kasono ti uing (y) (y) (y) (y) (y)
Akoer Lah
Hahaha...Jos Sajah : Si Buncireung & Si Kabayan mah kapapancénan nyusun Silabus (bari sila abus) Fikmin Basa Sunda supaya asup kana Kurikulum 2013...!
Dana Sudiawiguna
Jempol sakontener kanggo Pa Akur..
Godi Suwarna
:"Ratusan taun Ang Akoer Lah tatapa di Guha Fikmin. Jebul fikminna nu hebring kieu...! Eduuuuuuuuun....!"
Akoer Lah
Rudi Al-Fajri & Dana Sudiawiguna, éta sapatu nomer sabaraha? ieu abdi gaduh sendal kénging mendak dibalik panto gudang jas hujan. Peryogi pedang atawa ucing hideung teu? hahahaha...
Akoer Lah
Halah...halah...sok hoyong émut kanjut pami Raka Perbu Godi sumping téh, peryogi sabaraha dus Djarum Super na? Hahaha....(minggu payun abdi badé ka Panjalu, sakantenan hoyong nganjang ka bumi caket Setatsion KA)
Dadah Hidayat
Waduh gan, hebring pisan yeuhfikminna. Saembarakeun gan!
Maman Gantra
Tetela pinter nu maparin bahan teh. Tiasa kabula-kabale... Ti kiwari dugi ka bihari saperti nu Kang Akoer ieu. Onjoyna si akang, tema kiwari dina setting jaman bihari. Mantep pisan, Kang! Wilujeng!
Akoer Lah
Numatak numawi Kang Dadah & Kang Gantra, éta Yayi Nazarudin (sanés Nazarudin nu kabaud hukum ieu mah) teh kalah "pirajeunan" masihan kecap-kecap nu arahéng, kagokna mah ku kecap "jas hujan". Pédah nuju usum hujan kitu? heuheu...
Rina Zulkifly
Sae pisan Kang Akur......!!!!!!......Mani munel......!!!!!
Dadah Hidayat
jhehehehe
Maman Gantra
Numawi. Kecap-kecap bahanna teh puitis pisan. Ngahudangkeun birahi, eh imaji...
Akoer Lah
Aéh aya Téh Rina Zulkifly, punten dina "wall" kamari ku abdi dikintun pipidéoan "Basa Sunda" ti Iin Parlina, manawi katampi. Ti ngaplod pidéo éta janten kaideuan ngadamel fikmin ieu.
Rochaeni Neni Albanjari
tegep pisan, munel, pepel...ngagambarkeun kajadian ayeuna...hebring bin heded ieu mah
Akoer Lah
Numawi Téh Neni Albanjari , asa kaideuan ku wacana yén Basa Sunda badé dipupus dina palajaran sakola. Pan saur Téh Iin Bimbo dina lirik laguna : BASA SUNDA Deudeuh teuing Basa Sunda Basa Pangindungan rasa Gambaran lemesna budi Kedaling galindeng ati Deudeuh teuing Basa Sunda Basa éndah boga wanda Cicirén diri awaking Nu nyanding dina hariring Duh Basa Sunda naha teu dipiroséa Duh ulah éra nyarita ku Basa Sunda Duh Basa Sunda basa luhung hadé tangtung Ulah ditundung tong sieun disebut kampung Deudeuh teuing Basa Sunda Anjeun ceurik dina ati Bongan geuning urang Sunda Geus loba nu teu mupusti.
Ismawatie Sambas
Nu nyusun silabus mangga kuma dinya...nu ngajar di kelas mah da sim kuring,keukeuh wae teu meunang aya pelajaran basa sunda nya wios....urang ngajar IPA,IPS,Matematika,PKn,Agama sareng seni budaya basa panganteurna nganggo basa sunda da mendikbud moal ngadukdukan di kelas. Abdi ge ngajarkeun rumus ku basa sunda we langkung anteb.
Rudianto Surya HS
Teh Ismawatie Sambas : Mendikbudna ge teu tiasaeun ngawulang, hare-harekeun we,... tuman!!
Ajuns Agus Djunaedi Sulaiman
hiji mangsa mah sugan basa sunda teh bakal jadi basa nasional ......
Tiktik Rusyani
Asiik..Kang Akoerlah mikmin deui.Bumetah deui, Kang!
Akoer Lah
Teh Ismawatie Sambas : da cenah kurikulumna ge masih di ujipetik, sugan we jadi burung metikanana. Muhun Kang Ajuns Agus, basa Sunda bakal jd basa nasional mun Pasundan jadi nagara, hehe...aeh..Teh Tik tik...hujan teu di Bandung? Di lembur abdi mah nuju hujan jaba pareum listrik, kedah sadia jas hujan, hehehe...
Kurotuaeni
teuneung ludeung ah, nganggo basa sunda mah. rencangan ge nu biasa ngago basa jasreng alias jawa serang sering kacandakeun nyarios basa sunda, sanaos teu puguh ngalarapkeunna. hehehe
Akoer Lah
Tapi teu sakedik oge nya urang Sunda nyarios kamalayon atanapi aaringgisan....