Ku Godi Suwarna
Sumanget naker. Ma’lum pagawé anyar. Aom. Tukang sasapu. Isuk-isuk pakepuk di balédésa. “Hatur lumayan..!” Kapireng nu tinggerendeng. Pa Ulis nampanan amplop. Aom tonggoy. Digawé. Bet réa amplop tapak nyégétan. Kasapukeun. Tina méja. Tina korsi. Aom dongko. Nyapukeun kolong lomari. Aya beurit. Norolong. Laju diudag. Blus ka rohangan Pa Kulisi. Aom kokorondangan. “Nyanggakeun,” omong tamu. Ngasongkeun amplop. Diségét ku Pa Kulisi. Aom ngadepong. Denga-dengo. “Nanaonan, satéh?” Pa Kulisi morongos. “Aya beurit, Gan!” témbalna. “Nyindiran aing, satéh? Kaluar!” Pa Kulisi nyentak. Tibubuncelik. Tuluy nyiricit. Aom murungkut. Mundur. Pabeubeurang. Beurit beuki réa baé. Tingciricit. Aom muriding. Bijil bulu sawak-awak. Nyandramawat. Buntutna ngagebay. Kukuna tinggurilap. Runtak-rontok. Beurit lus-les. Tingkereles. Aom ungas-ingus. Nyusud lacak. Bras ka rohang Pa Kuwu. Panto disurungkeun. Bréh. Pirang-pirang beurit gandang keur séba ka beurit badag. “Cologog, satéh! Mantooog!” Beurit Badag ngagorowok. Aom ngagaur. Ger tarung pagulung-gulung. Aom dikoroyok. Teu kaampeuh. “Méééoook..!” Aom ngocéak. Laju ngabecir. Dibeberik ku mangpirang beurit ginding.