Cigunung, Lukisan kénging Yus Rusamsi
Update: 04 Fébruari 2013 08:10:18
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Kemis, 31 Januari 2013 19:14
Nana Sukmana: " , "Weis...! Hébring pisan, Mang Dan. Barang bréh ogé langsung karaos segerna. Warna hejo tina lukisan Yus Rusamsi metot kana suasana anu linduk pikabetaheun. Pasti fikminer-fikminer FBS beuki baretaheun, yeuh! Beuki jarongjon mikminna!..."
Kemis, 31 Januari 2013 13:00
Budi Mugia Raspati: " Lir nuju di lebet kamar hotel bintang. Lux. Agreng. Seger!..."
Rebo, 30 Januari 2013 20:39
Rudi Al-Fajri: " Assalamu'alaikum, mingkin pikabetaheun. Bruh breh sararieup. Nuhun Ang Dadan. Pamugi Ki Sunda murub mubyar..."
Salasa, 29 Januari 2013 19:29
Yusuf S. Martawidenda: " Assalamualaikum, sampurasun. Wéb FBS tambih geulis, tambih campernik. Matak betah ni ningalna. Matak pogot nu macana, Komo nu nyicinganna. Mugia basa sareng kabudayaan Sunda nanjeur. Amin. Mung nyaéta tos rada lami yeuh teu produktip mun susukan mah ieu téh caina nuju saat. Dipaksa kutrat-kotrt, anger wéh lebeng, buntu. Ngiring maosan waé, ngalaik wungkul. Bade usul yeuh. Mugia kapayun mah..."
Salasa, 29 Januari 2013 12:31
Érwin Wahyudi: " Alhamdulillah, web FBS langkung nyetrum tampilanana di awal taun nu énggal téh, tangtosna janten nambihan sumanget kana ngarang fikmin. Hidup Kang Dadan Sutisna, Hidup..."
Senén, 28 Januari 2013 17:23
Abah Sarjang: " Sip... Tumaninah pisan! Sanaos Fiksimini mangrupikeun "genre" anyar dina Sastra Sunda, keur uing nu heureut kabisa mah, asa manggih tempat nu merenah, pikeun ngamalirkeun karesep... Nuhun pisan Juragan..."
Senén, 28 Januari 2013 15:15
Atang Soeryana: " Asalamualikum, abdi pun Atang Suryana urang Serang-Banten kalahiran Sumedang. Tos meh langkung ti tujuh sasih wanoh ka ieu gempungan teh, kataji ku seratan ti para fikminer anu kacida saena, utamina ngiring nyimak (naon basa Sundana nya?) komen-komen anu seueur pisan pulunganeunna. Namung kumaha nya abdi hoyong ulubiung ngomen atanapi ngajempolan teh komo bari nulis fikmin mah da can boga kabisa,..."
Ahad, 27 Januari 2013 21:10
Shohiba Nu'man: " Mingkin agreng. Pikabetaheun pisan. Piraku bae fikminer sareng nu sanesna teu sering ngalongokan. Mugia..."

Buuk Sakti

Kénging Irman Dimyatie
Dipidangkeun dina lapak 11 Désémber 2012 08:19:44

Beletok gunting jeung catok parotong mun eunteup dina sirah. Unggal indit ka Tukang Cukur, katempuhan waé kudu ngagantian pakakas nu ruksak. Umur-umuran kakara ngalaman jiga kieu. Kapaksa kudu ngurus ngarah teu katingali cawigwig teuing.
"Silaing moal teurak ku sakabéh pakarang mun pareng tarung," ceuk hiji aki-aki nu panggih dina impian. "Ah, naha tiasa kitu, Aki?" walon kuring. Kagét jeung reuwas. Ti harita loba ngalaman hal-hal anu ahéng dina kahirupan. "Ieung.....!!!" kuring ngajerit waktu titajong kana batu, katingali indung suku baloboran getih.

Komentar (62)

Ayi Abkar
éléhna ku titajong !
Neneng Yatikurniati
Teu acan sampurna elmuna jigana A, ari masih nyeri keneh alatan titajong mah, hehe
Irman Dimyatie
Ayi Akbar:"Ari batu nu katajong mah sanes pakarang cenah hahahaha..."
Rita Rosita
gkgkgk nembe rambut we nu saktinya, ari indung suku mah normal keneh hehe
Nasrul Jatnika
"Heuheuheu..ari kacugak mah teu kaci nya Ajengan Irman. Eta deuih mun kabeureuyan, sami oge teu kaci. Da jurigna keur lengah..hahhaah"
Dennykurniadi Kurniadi
Tong gujrud Kang Irman N Dimyatie pisan eta teh
Irman Dimyatie
Neneng Yatikurniati:"Pan, meunang elmuna ge tina impian. So, moal sampurna hehehehe..."
Irman Dimyatie
Ki Denkur:"Ssssttt...! Jempe, Ang. Bisi musuh apaleun hahaha..."
Neneng Yatikurniati
Yu atuh urang sampurnakeun di Gunung Merapi -Kaliurang. Neneng sareng Abang nGantosan di villa heuheu
Irman Dimyatie
Teh Rita Rosita:"Muhun, Teh. Teu acan kantos nguping Indung Suku Sakti. Wilujeng enjing."
Irman Dimyatie
Ang Nasrul Jatnika:"Kacugak mah sanes urusan tarung, janten wayahna teurak hehehehe..."
Rita Rosita
Wilujeng enjing deui Kang Irman N Dimyatie ...
Irman Dimyatie
:"Nyampurnakeunana kudu di Gunung Cikuray cenah, Neng. Nyeta hoream ku nanjakna..."
Irman Dimyatie
:"Hatur nuhun ka nu parantos ngalayad uing. Nuhun pisan. Katampi ubarna."
Samo Sutardi
batu mah ... lain pakarang
Abah Helmi
Tuda basa dipalakiahan, indung suku katutup daun, teu kasiram..heuheu!
Nana Sukmana
, "Uing ukur tiasa unggut-unggutan macaieu fikmin. Sajago-jagona jalma, pasti aya kahénghér. Fikmin nitah mikir. Nitah introspéksi: Ulah jumago, ulah puminter, ulah asa aing uyah kidul, ulah asa pangbenerna, pangnyahona. Jempol uing duanana ngolodor, tah."
Rudi Alfajri
Batu mah da sanes pakarang nya Ang? hehehe Nyanggakeun (y) (y) (y) (y) (y)
Ki Hasan
Lain, Kang Nana Sukmana, ulah teh geuning kana hal nu punjul hungkul. Kumaha mun kieu: ulah asa rendah diri, ulah asa bodo, ulah asa elehan, ulah asa uyah kaler, ulah asa salah wae, ulah asa teu nyaho wae. Hehehe
Edi Supriyadi
Titajong sanes tarung...jadi weee...
Yuharno Uyuh ONod
Tege. Hreng hirup mah teu sampurna, hheh
Iwan Hanjuang
Ih sae pisan ih.
Irman Dimyatie
Bah Samo Sutardi:"Leres, Bah. Batu mah sanes pakarang. Janten si kuring sukuna bohak hehehe..."
Irman Dimyatie
Ang Helmi Pakudjati:"Halah...! Asa kaemutan. Muhun tah waktos dijiad ku si aki, indung suku ditilepkeun hahahaha..."
Irman Dimyatie
Ang Nana Sukmana:"Halah...! Ieu jempol meni barentik kieu. Katampi, Ang. Insya Allah bade disimpen dina lomari."
Irman Dimyatie
Ang Rudi Al-Fajri:"Upami batuna diangge kana katepel mah moal teurak da... hehehehe."
Irman Dimyatie
Ki Hasan:"Mantap surantap, Ang. Sip. Katampi piwejangna."
Irman Dimyatie
Ang Edi Supriyadi:"Muhun kitu, Ang. Upami ditajong mah moal naon-naon hehehe..."
Irman Dimyatie
:"Nu sampurna mah ROKO sampurna atuh, Ang Yuharno Uyuh. Wakakakak... gubraggg!!"
Irman Dimyatie
:"Henteu daria komen Ang Iwan Hanjuang mah... Pundung ah!"
Dedi Rosala
Buuk nanahaon etah nepi ka kitu? Sigana mah kudu boga peso cukur nu sakti ngaleuwihan buuk. Hehe. wilujeng.
Edi Supriyadi
Irman N Dimyatie naon bentena nu ngagali kubur sareng nu rek dikubur?
Dedi Rosala
Tangtu beda. Hoyong terang? Moal dibeja-beja ah bisi sohor. hehe
Yuharno Uyuh ONod
Hehehehehehheeh. Iya Pih Awang.
Soendara Djatiseba
Samson Betawi.... hehee
Irman Dimyatie
Ang Dedi Rosala:"Saurna mah Buuk Keramas... eh Buuk Keramat nu aya dina sirah sim uing teh hahahaha... Peso cukurna kedah dicelupkeun heula kana cai nu tos didu'aan ku para kyai."
Irman Dimyatie
:"Ke...ke...ke... naha kana ngagali kubur jeung nu rek dikubur ieu teh, Ang Edi Supriyadi? Uing acan ngarti yeuh hehehe... Cikan, Ang Dedi Rosala, bejaan uing. Harewoskeun wae lah."
Irman Dimyatie
:"Muhun kitu, ANg Yuharno Uyuh hahaha..."
Irman Dimyatie
Ang Soendara Djatiseba:"Ieu mah Samson Garut, Ang. Sanes ti Betawi.... Nuju usum di Garut ayeuna."
Edi Supriyadi
ari nu ngagali kubur mah hayangna teh JI SAM SU ari nu bakal dikubur mah hayangna teh SAMPOERNA ditampi iman islamna...kitu tahcenah...
Soendara Djatiseba
Ang Irman N Dimyatie... rupina kantos di Betawi janten tukang sol patu... a hi hi
Irman Dimyatie
:"Ajaaawwwwww....!!! Meni heded kitu jawabanana, Ang Edi Supriyadi. Elmu anyar yeuh. Keun, isuk rek dijieun teka-teki ka barudak mahasiswa di kelas. Nuhun, Ang."
Irman Dimyatie
Ang Soendara Djatiseba:"Sssstttt...!!!! Omat ulah geruh, Ang. Ulah arapaleun batur yen urang duaan pernah jadi Tukang Sol di Betawi hahahahaha..."
Soendara Djatiseba
A hi hi....
Dedi Rosala
heuheu....alah jero pisan Yayi. Diuyup ge eta caina mo burung jagjag waringkas geura ari ti Kyai mah.
Irman Dimyatie
:"Bahaya, Ang Dedi Rosala. Upami cai du'a eta dileueut, sakabeh elmu, jampe pamake, susuk, jeung sajabana... bakal ngaracleng. Ulah, Ang! Pauuurrrrr.......!"
Yanti Sri Budiarti
Jempolna mah teu kajampe...:D
Dedi Rosala
Bade buka rusiah sakedik ...,Margi kantos ngalaman basa keur ngora. Pami hatam tina nyiar luang teh sok ditawajuhan...Ayeuna ti saprak eling, teu pisan-pisan Yayi. Nuhun.
Irman Dimyatie
Teh Yanti Sri Budiarti:"Nyeta hilap, Teteh. Manawi teh jempol mah moal keuna ku bahaya. Singhoreng osok titajong hehehe..."
Irman Dimyatie
Ang Dedi Rosala:"Halah...! Geuning sami kantos ngalaman nya, Ang. Hatur nuhun parantos babagi elmu. Katampi pisan. Nu kangge nyandung mah omat dina inbox wae nya..."
Dedi Rosala
hahaha. saguru saelmu ulah ganggu tea yayi.
Sally Untuk Naufal
Kirang ageng jempolna meureun ...hέhέhέhέ...
Irman Dimyatie
Ang Dedi Rosala:"Leres, Ang. Papada ngartos wae lah..."
Irman Dimyatie
Sally Untuk Naufal:"Halah...! Meni apal kana gede-leutikna jempol suku, Neng. Elmu karuhun keur kaum istri mah cenah. Ulah daek ka lalaki nu jempol sukuna leutik... Duka naon maksadna hahahaha...."
Zanet Taufiq
ja batu mah sanes pakarang ieuh,,,
Irman Dimyatie
Angin Priangan:"Wayahna ulah dikurud wae atuh. Keun sina sirungan. Lebar."
Irman Dimyatie
Teh Zaneta:"Di Palestina mah janten pakakas perang, Teh. Duka upami di ditu naha elmu uing masih keneh nerap atanapi henteu..."
Irman Dimyatie
:"Asa karek mampir Ang 'Eboed' Eman Budiman, iraha komenna nya? hahahaha..."
Eboed Eman Budiman
hahaha... punten Ang, masih paakepuk janten can tiasa maosan fikmin nembe jempol wungkul
Irman Dimyatie
:"Asa aya Ang Budi Mugia Raspati ngaliwat bieu teh..."
Budi Mugia Raspati
Naha sanes dina bulu kelek Ang? Hahaha...
Irman Dimyatie
:"Hahahaha... halah meni kitu ih!"