Ku Godi Suwarna
Tukang Parahu ngabaheuhay. Nangkeup pangwelah. Nyalsé. Geus mangtaun-taun inyana teu meuntas-meuntaskeun jalma. Dunya nu sasari sahéng bet jadi simpé kacida. Bangawan gé teu kapireng séahna. Jempling liwatsaking. Keur kitu, kadéngé sora nu karakawihan: “Majuuu ka médan peraaang! Kanjuuut molénang héraaang!” cenah. Tukang Parahu curinghak. Luak-lieuk. Bréh. Pirang-pirang wayang golék. Humaleuang. Nyalampeurkeun. “Peuntaskeun, Mang,” ceuk Yudistira. Wayang golék tingkalacat. Laju parahu diwelah. “Di mana Ki Dalang, ‘Lur?” Tukang Parahu panasaran. Duryudana nyekék beuheungna sorangan. Tuluy ngelél. Wayang golék tingcakakak. Tukang Parahu gogodeg. Jog ka peuntas. Wayang golék racleng. Tarurun. Na atuh, ujug-ujug kapireng nu tinggorowok: “Serbuuu..! Seraaang..!” Manahoréng pirang-pirang wayang kulit. Ngambreg. Ngarurug wayang golék nu geus taraki-taki. Ger tarung tutumpuran. Campuh. Tingceuleuweung. Tingkocéak. Tukang Parahu ngajeten. Hareugeueun. Bet katémbong nu ngaléong di bangawan. Disidik-sidik. Horéng Ki Dalang. Geus ngababatang. Tukang Parahu ngaheruk. “Éling-éling masing éling. Rumingkang di bumi alam. Darma wawayangan baé…” Tukang Parahu humariring satengahing jagat nu keur gunjang-ganjing.