Ku Godi Suwarna
Si Papap. Geus aya deui baé dina TV. Skandalna diuar-uar. “Babéh manéh léboy ogé, ‘Bro!” ceuk babaturanana. Ramé di sakolana. Bréh. Aya mojang disorot kaméra TV. Déwi. Si Aa ngarahuh. Léos ka buruan. Nu raresik. Dibénténg sakurilingna. Ngahuhuleng sisi balong. Ngabangbrangkeun. Rét. Aya ucing keur monto. Ngintip koi nu tinggaréboy. Paingan. Mangkukna aya koi kari cucukna. Koi kameumeut. “Kurang ajar!” Ceg kana batu. Ucing dibalédog. Kabur. Si Papap gé duka di mana. Si Mamah di rumahsakit. Histeris. Imah asa di naraka. “Bupati koploook..!” kapireng nu tinggorowok. Ngalaliwat dina motor. Simpé deui. Ucing monto deui baé. Si Aa ngagidir. Ambek. Sup ka rohang gawé bapana. Ceg kana péstol. Déwi keur diwawancara TV. Déwi. Nu kungsi ngancik dina haténa. “Bupati bandooot..!” Kadéngé deui nu tinggorowok. Hawar-hawar. Sora mobil nu diparkir. Si Aa ngagidig ka buruan. Bréh. Ucing keur ngerekeb lauk. Dikécéng. Dor! Ucing ngabelecet. Aya nu ngagoak di lawang bénténg. Ngabangkieung. Bapana!