Ku Godi Suwarna
Tas manggung ti mana-mendi. Méh taya peuting kaliwat. Ki Dalang. Keur ngageugeubra. Tibra. Kérékna gegelegeran. Lir Kumbakarna. Riyeg. Ranjang inggeung. Bleg. Karasa aya nu ngaheumpikan dada. “Talian cokorna! Kokodna!” kapireng nu tinggorowok. Ki Dalang beunta. Teu bisa usik. Teu malik. Awakna diborogod. Sungutna dibakutet. Ukur panonna burial-buncelik. “Kagila-gila teuing, satéh! Sangeunahna ngadu-ngadukeun wayang!” kareungeu nu nyeukseukan. Rét. Gebeg. Wayang golék Yudistira! “Aing capé diwayang-wayang ku sia!” omong Bima nu ngabedega dina dadana. Panon Ki Dalang gular-giler. Bruh-bréh. Manéhna direjeng ku pirang-pirang wayang golék. “Rasakeun, siah! Bongan sok ngékéak aing!” Dorna ngowowong. Regeyeng. Ki Dalang digarotong. Diabring-abring. Bari karakawihan: ”Majuuu ka médan peraaang! Kanjuuut molénang héraaang!” cenah, sabot kaluar ti imah. Di buruan, Ki Dalang diayun-ayun. “Haji..! Gulaa..! Tiwuuu..!” Keleweng. Dibalangkeun ka balong. Gujubar. Ki Dalang tikelebek. Wayang golék surak. Gumuruh. Ngeundeur-ngeundeur jagat. Di tepas, Semar saanak-anak tingharuleng. Nyérangkeun. “Kumaha ari geus kieu, Pih?” Astrajingga nanya. Semar ngan ukur bisa gogodeg.