"Éling-éling mangka éling..." Rus-ras. Rasita. Kana haté. Kana eusi sirah. Pipikiran nu teu weléh ngalémbéréh. Haté mah léah, tapi rasa moal bisa lubar. Hampura, Nung, gerentes Rasita. Bréh. Kalangkang Sukésih. Roman Ki Aja saparakanca. Seja suméléh. Boboléh rék naratas jalan anyar. Teu jadi pikir. Jig! Jung téh teuing. Ucing belang ucing hideung. Moal melang, najan pasti bakal nineung. Asal teu mawa ngaran padépokan Cipta Rasa. Teu jadi pikir mun Ki Aja wungkul. Tapi Sukésih? "Demi Kaka. Demi urang-urang," sora halon Sukésih basa ngalesotkeun aji Pamunah Rasa. Musnah. Musnah. Musnah. "Méh taya kabeungbeurat keur papada urang," cenah. Langit meteng. Rasita sidakep bari neuteup ka satukangeun halimun. Neuteup seukeut. Néangan. Néangan nu cikénéh kumalangkang. Nu rumingkang jadi kalangkang. "Éling-éling mangka éling..."