Ku Godi Suwarna
Peuting nu ngaririncik. Wegah-wegah gé maksakeun lunta. Manéhna. Ngiciprit di jalan satapak. Aya nu nyikikik palebah dapuran haur. Teu dipaliré. Manéhna nongtoyod. Kapireng nu ngagarapak. Nuturkeun. Euntreup dina tangkal waru doyong. Ucang-ucang. Tuluy ngawih: “Angkat ngagandeuang! Bangun taya karingrang!” cenah. Sorana cempréng. Manéhna imut. Terus lumaku. Nu nuturkeun geregeteun. “Alaah, sombooong!” pokna. Bari ngawuran ku taneuh. Manéhna luncat. Sajorélat. Nu ngawuran dicangkalak. “Haaag, siaaah, aing kuntiii! Hihihihih!” ceuk nu teterejelan. Manéhna kalah ngahéhéh. Kunti dipanggul. “Teu sudiii! Écagkeun, siaah!” Kunti ngagéréwék. Nyakaran. “Naha atuh maké nuturkeun? Bogoh? Kabeneran. Geus lila uing ngaduda,” pokna. Leuleuy. Kunti ngahénén. Malik nangkeup. Geugeut. “Aa rék nyaah ka uing?” Kunti nanya. “Jiiih, puguh wé atuh,” témbalna. Hujan beuki kerep. Manéhna ngagedig. Ngaliwat ka pakampungan. “Saha éta? Manggul naon?” Ronda mariksa. Nyorotkeun batré. “Huiiing! Hangul huntiii!” témbalna. Sorana dingirungkeun. Panonna moncorong. Pluk. Batré murag. “Ieueueung! Aya adén-adééén..!” Ronda ngabecir. Notog-notog karep. Manéhna nyéréngéh. Kunti nyikikik. Bagja.