Ku Dennykurniadi Kurniadi
Burinyay beledag..burinyay beledag, burinyay deui beledag deui, les ngiles. Ukur reureuh memenitan, ngaburinyay deui ngabeledag deui. Jagat asa rék beulah. Keueung. Boa kiamat mah leuwih ti kitu. Ketang lain boa deui. “Lahhhh pira ogé kilat. Sok teunggarkeun ka aing,” ceuk Bah Wira.
Teu reureuh lumpat. Ngungudag. Hayang nyaho lebah-lebahna. Burinyay ti kidul, beretek ka kidul. Ti kalér ka kalér. Kitu jeung kitu. Bari angger hohoak, nangtang kilat sangkan nyamber sirahna, awakna. Pangeusi lembur geus nyaho yén Bah Wira sok ngungudag kilat. Teu hemeng deui. Ukur gogodeg.
Meneran ngaburinyay luhureun suhunan imahna. Bah Wira gancang lumpat. Aéh lebah pipir, pokna. Bréh pamajikanana keur ngalempréh. Sakujur awakna géhéng. Enya kacéntang kilat. Bah Wira beuki rosa panangtangna. "Ulah ka pamajikan siah, aing yeuh béntar mah," pokna. Cul si Enéh, lumpat deui néangan kilat. Tapi teu kebat. Manéhna gogorowokan ménta tulung ka jalma réa.
“Kunaon Bah?” pada nanya.
“Kacugak paku,” pokna ceurik gagauran.