Ku Godi Suwarna
Beuteungna ngusial. Peuting tadi tambarakan. Na pésta ‘Hari Pahlawan’. Isuk-isuk sarut-ruteun. Tapi WC nu di kamarna ayaan. Pamajikanana keur mandi. “Duuut!” manéhna hitut. Badag kacida. Bau mesiu mabek di kamarna. Ngagégag ka WC barudak. Pantona diselot. Manéhna keketrok. Nyekelan beuteung. “Gancaaang! Papah teu kuaaat!” pokna. Jempling. Manéhna gegedor. “Kéla, Pah. Aa gé nuju…” kapireng nu bebeten. Ditémpas ku sora nu ngaborobot. Lir bedil di médan perang. Beuteungna ngagolak. Motah. Téténjoanana jadi teu puguh. Bruh-bréh. Para Pejuang tarandang. Tingbérébét. Haseup ngelun. Bau bugang. Nyelengseng. Lumpat ka WC pembantu. Sora bedil brat-brét-brot tina bujurna. Baseuh. “Badé ka mana, Gan?” Si Bibi nanya. “Mo…dol..!” témbalna. Tibeberegég. “Jiiih, WC ieu mah macét, tos lami,” ceuk Si Bibi. Bréh. Gebeg. Walanda. Ngaliud di buruan. Manéhna dikepung. Kolorna ujug-ujug semu cepel. Manéhna ngabecir ka pipir. Sora granat tingjelegur. Gog. Nagog di solokan. “Gelegeeer!” bom bitu ngendagkeun jagat. Muncrat. “Merdékaaa! Merdékaaa!” manéhna gogorowokan. Ngemplong. Bébas tina penjajahan.