Ku Godi Suwarna
Jaman ayeuna, aya hiji sagara. Lega kacida. Sagara tan wates wangen. Aya Sapi nu ngajanteng dina tonggong Lauk Emas. Geus milyaran juta taun tandukna nyunyuhun bunderan dunya. Beuki lila beuki beurat. Beuki beurat. “Halaaah, cangkeul, euy..” omong Sapi. Ngupat-ngapit buntut. Nyieuhkeun laleur. “Écagkeun heula wé atuh, Ang!” omong Laleur nu euntreup lebah ceulina. “Emoooh, aaah!” walon Sapi. Lauk Emas ngan ukur bisa nyéréngéh. Teu bisa teuleum. “Boa geus euweuh eusian dunyana ogé, Ang! Cingan pariksa..” ceuk Lauk Emas. Sapi rada ngahuleng. Asa-asa. Tuluy gideug. Lalaunan. Dunya inggeung. Kapireng sora takbiran. Awor jeung gumuruh bedug. Kasawang mangpirang sapi. Jarangjangan. Tingkalayang ka jabaning langit. Galumbira. Sarukabungah. Muru sawarga. “Tuuuh, batur maaah..!” omong laleur. Ngabibita. Kaambeu selengseng saté jeung gulé. “Peupeuriheun uing moal bisa ka sawarga!” omong Laleur sabot ungas-ingus. “Kumaha atuh, Ang?” ceuk Lauk Emas. Sapi ngan ukur bisa rumahuh. Hayang dipeuncit. Hayang diparebutkeun daging, hulu, buntut, cokor, tulang-taléng. Tapi dalah dikumaha…