Ku Godi Suwarna
Ujug-ujug geus aya di hiji dayeuh. Manéhna. Ngajanteng salila-lila. Rarat-rérét. Wangunan alagréng. Arahéng. Tapi jalan-jalanna sarimpé. Tutumpakan tingjalugrug. Taya nu ngulampreng. Ukur katémbong nu tingjarentul. Tinghariul. Aya nu nyampeurkeun. Dikakamprét. Dipangsi. Hideung-hideung. Maké iket. Nyoréndang koja. Pok nanya: “Jang, ari jalan Sunda beulah mana, nya?” Manéhna gideug. Da puguh linglung. Bororaah apal jalan. Manéhna tuluy ngoyoyod. Luak-lieuk. Téténjoan beuki arahéng. Plang baradag. Baliho patingjungkiring. Sakur aksara teu bisa dibaca. Nambahan kabingung. Pasarandog jeung nu keur ngotéténg. “Milarian naon, Pa?” manéhna nanya. Pangangguran. Nu ditanya ngalieuk. “Teuing, euy! Teu nyaho! Mun nyaho mah moal ditéangan!” témbalna. Kalah morongos. Manéhna ngaléos. Jog ka parapatan. Aya Pulisi. Keur campego bari uleng. Kabeneran. “Pa, dupi abdi téh saha téa, nya?” manéhna lahlahan nanya. Nu ditanya gigideug. “Jiiih, apan Bapa téh Pulisi? Piraku teu uninga?” ceuk manéhna. Jéngkél. “Kutan? Uing téh Pulisi? Nuhun dibéjaan, Jaaang!” pokna. Tuluy nyakakak. Bungaheun pisan. Manéhna beuki linglung. Ngahuhuleng beurang-peuting.