Awakna ngageter. Jajantungna ratug. Kawasna mah kakara harita kitu kalakuan téh. Kabitaeun ku batur sabangkuna siga nu gampangeun. Katurug-turug waktuna méh béak. Sedengkeun kertas nu disanghareupanana beresih kénéh.
Leungeun nu ngeleper ngarayap kana kolong bangku. Panon melong ka hareup kanu ngabedega handapeun pisan gambar galudra. Pareng paamprok ténjo, manéhna ngabalieur. Api-api uleng mikir bari ngulinkeun pulpén dina tarang.
Set, kuring dibetot lalaunan ku leungeun kéncana. “Ehm….” Kadéngé sora ngadéhém ti lebah méja panghareupna. Manéhna reuwas. Kuring kacentok. Pluk, murag kana handapeun sukuna. Aya nu nyampeurkeun ti hareup ngadeukeutan. Gog cingogo. Kuring nu raca ku aksara renyek dicokot. Manéhna rampang-reumpeung. Teuing kumaha satuluyna, teu nyaho. Kuring kaburu dibalangkeun kana wadah runtah ku pa Jaka nu ngawas poé harita.