Update: 19 Januari 2013 11:40:21

Malem Minggu

Ku Godi Suwarna

Peuting ieu, uing ngejat mapay-mapay urat dayeuh. Gebur lampu. Nu sumirat. Warna-warni. Mulas rohang nu peteng jeroning tarang. Kasawang warnaning kembang. Genclang mangpirang wanoja. Tinggarupay dina ranjang. “Want you to rock me! Rock me all night long! Rock me, Baby!” Haok The Doors dina sidi ngeundeuk-ngeundeuk jajantung nu geus koropok. Peuting ieu, uing mangprung sajajalan. Nyangking bulan dina lalancip balati. Ngabelesur. Teu maliré lampu beureum di sapanjang parapatan. Ijigimbrang ti diskotik ka diskotik. Ngarigigkeun tari Gandrung Kapidangdung. “One Love! One Heart! Let's get together and feel all right!” ceuk Mang Marléy dina konsér di puseur kalbu haliwu. Haseup ganja. Haseupna nu ngahalimun. Bet kaseuseup tina kelun lemah garing. Di dieu, di nagri runtah. Nagri nu singsarwa rucah. Nyemprung ti hotél ka hotél. Botol red wine raremuk dina jajantung. Rongkah. Bendungan birahi bedah. Nangtang manglaksa sasalad. “Engké atawa isukan. Saha nu teraaang…!” Hawar-hawar. Bet kapireng rumpaka Kembang Balébat gumalindeng ti astana.

Koméntar kana ieu Fikmin:
Teu aya komentar.
Ngeunaan Ieu Naskah:
Naskah lianna karya Godi Suwarna
  1. Tukang Parahu Xxi
  2. Si Éyank & Si Ayank
  3. Tukang Parahu Xx
  4. Serat Kasmaran
  5. “tom & Jerry”
  6. Tukang Parahu Xix
  7. Ucing Garong
  8. Eureup-eureup
  9. Kalangkang Peuting
  10. The Battle For Freedom
  11. Adam & BÉker
  12. DongÉng Rayagung
  13. Luwang-liwung
  14. Malem Minggu
  15. Tukang Parahu Xviii
  16. “tokééé..! Tokééé..! Tokééé..!”
  17. DÉsa Wisata
  18. Ringkang Sang Dangiang 2
  19. Tukang Parahu Xvii
  20. Tukang Parahu Xvi
  21. Halo-halo Bandung
  22. “open House”
  23. Tukang Parahu Xv
  24. Sanghiang Bedug
  25. Kembang Buruan
  26. Nu Tajil PoÉ Katujuh
  27. Kembang Api
  28. Tukang Parahu Xii
  29. Malem Minggu
  30. Tukang Parahu Xi
  31. Tukang Parahu X
  32. Tukang Parahu Ix
  33. Tukang Parahu Viii
  34. Tukang Parahu Vii
  35. Tukang Parahu Vi
  36. Tukang Parahu V
  37. Tukang Parahu Iv
  38. Tukang Parahu Iii
  39. Tukang Parahu Ii
  40. Tukang Parahu I
  41. Urang Sunda Nu Pamungkas
  42. “fatal Attraction”
  43. Lain Lalakon Petingan
  44. Nu Barusuh Manah
  45. Shohiba AnÉmer Fikmin
  46. Rampak Lodong
  47. Tembang Pamungkas
  48. Ringkang Sang Dangiang
  49. “The Skeletons Bar”
  50. Durma Mahayuda
  51. Lutung Gandrung
  52. Lalakon Awon
  53. Ashabul Kahfi
  54. I Miss You..!
  55. Jang AsÉp & Gatotkaca
  56. Gunjang-ganjing
  57. Parahu Nabi Enuh
  58. Pandawa Dadu
  59. Rotasi Sakeclak Cai
  60. Gambar Parahu Dina Kikisik
  61. Sabda Sang Utusan
  62. Ronggéng Gunung
  63. Dongéng Ti Nagri Kedok
  64. Lalakon Kadalon-dalon
  65. Murang-maring
  66. Jalan-jalan
  67. Kunyuk Gandrung
  68. Monalisa
  69. Rajah Pangemat
  70. Révolusi
  71. Berlin, Dina Hiji Peuting
  72. Serat Kasmaran
  73. Nagri Balai
  74. Die Berlinerin
  75. Sabot Ngalenyap
  76. Fikmin, Oh, Fikmin
  77. Kurusétra
  78. Pangarang
  79. Rajapati
  80. Ringkang
  81. Kamar Pangantén
  82. Roméo, Oh, Roméo…!
  83. Kembang Buruan
  84. Déwi
  85. Hulu Peda
  86. Jihad
  87. Titistulis
  88. DÉWI
  89. DI STASION
  90. PIWURUK
  91. TENGAH PEUTING
  92. PRESIDEN
  93. KABOGOH
  94. DAYEUH
  95. DEWI