Cigunung, Lukisan kénging Yus Rusamsi
Update: 27 Désémber 2014 19:00:12
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Saptu, 27 Désémber 2014 16:44
Bundana Duo Mojang: " Assalamuallaikum wr'wb,,,,,hatur-nuhun pisan ka Bpk Kuncen fbs anu tos nampi sim kuring jnteun wargi fbs,,," sim kuring leuga manah tiasa di ajar seueur ngaos bahasa sunda sanaos sim kuring nuju buburuh di Negri deungeun mugia nambih seueur saderek,,,nambih elmu,,, nambih ginclong'na uteuk balas di asah ku fbs hehe wassalam'uallaikum wr..."
Saptu, 27 Désémber 2014 16:09
Bundana Duo Mojang: " Assalamuallaikum wr'wb,,,,,hatur-nuhun pisan ka Bpk Kuncen fbs anu tos nampi sim kuring jnteun wargi fbs,,," sim kuring leuga manah tiasa di ajar seueur ngaos bahasa sunda sanaos sim kuring nuju buburuh di Negri deungeun mugia nambih seueur saderek,,,nambih elmu,,, nambih ginclong'na uteuk balas di asah ku fbs hehe wassalam'uallaikum wr..."
Senén, 15 Désémber 2014 17:21
Abdul Haris: " Assalamu'alaikum Wr. Wb. Pangapunten ka réngréngan sadayana. Jalaran kawatesanan ku sarana. Sim kuring nembé tiasa mairan ieu rohangan. Mitembeyan seja ngahaturkeun nuhun kana salaring pangangken. Kersa nampi aubna sim kuring, kalayan léngoh kaweruh. Ageung pangharepan pikeun sim kuring pribadi. Anu seja mundut panuyunna, ti para kanca sadaya. Pikeun sami-sami nanjeurkeun budaya indung. Ieu..."
Senén, 01 Désémber 2014 12:03
Rachmat Adhe: " Assalamu'alaikum warahmatullah,, Punteun bilih aya nu uninga ngagaleuh novel prabu siliwangi di mañana ? Di gramed tos teu..."
Jumaah, 28 Novémber 2014 00:00
Tike Agus Chayaang: " Hatur nuhun panampina..."
Ahad, 02 Novémber 2014 08:22
Husnul Yakin Ali: " Database kamusna teu acan leres..."
Salasa, 30 Séptémber 2014 00:41
Rubi'ah Adawiah: " assalamu'alaikum warahmatullah kularwargi sadaya, resep pisan ningal blog-na. eusina rupi-rupi anu janteun pangaweruh, mugia ngajanteukeun barokah tina elmu anu tiasa kamangpaatkeun. Aamiin..."
Kemis, 21 Agustus 2014 08:23
Intan Permata: " Asa lebet ka kebon kembang warna..."

Peuting Likuran

Kénging Liezbella Swanzen New
Dipidangkeun dina lapak 01 Oktober 2012 21:33:09

Rumpaka tembang kasono silih harewos peuting ieu. Kagembang ku baranangna bentang. Natrat dina amparan sajarah, aya nu ngaliwat lain wayah. Hate beuki tagiwur. Tugenah ngagulung dina jajantung "Sabar heula", hiji sora meupeuskeun obor nu ngagedur dina kalbu. Kuring ngorenjag barang ret ka palebah tutuwuhan beulah katuhu, ka palebah datangna sora. Aya imut kareueut, pinuh ka asih, iuh linduh dina peuting likuran ieu. Geuwat muru kalangkangna, kana leungeunna nu muka ngarangkul tresna. Tapi, kalangkangna beuki ngipisan ku hiliwir angin. Lalaunan hiber ngahiji jeung poekna peuting. Reg eureun hareupeun imutna nu beuki udar lir haseup katiup angin. Tangtunganna ngapung ka awang-awang neuteup kuring nu jadi arca. Peuting ieu, peuting likuran. Aya nu ngaliwat lain wayah. Silih pikatineung, ditandasa rasa.