Cigunung, Lukisan kénging Yus Rusamsi
Update: 22 Juli 2013 12:20:20
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Ahad, 14 Juli 2013 19:12
Nyai Endit: " Baraya FBS, salira tiasa oge ngagabung di lapak nu aya di facebook. Ieu alamatna: http://www.facebook.com/groups/fikminsunda/ Atuh nu hoyong katingal karyana, eusian heula data salira. Carana: saparantos log in ka dieu, teras paluruh jenengan salira. Kitu (asana..."
Kemis, 11 Juli 2013 12:29
Teh Ning: " assalamu alaikum..sampurasun..kumaha ieu teh, formuliurna teu kapendak..."
Kemis, 27 Juni 2013 14:29
Asep Nurjamin: " Hapunten, dupi koméntar anu dicatet lajeng dijumlah janten peperenian hiji fikminer téh, koméntar anu kumaha? Maksad téh, kumaha carana supados hiji koméntar kacatet? Hatur..."
Rebo, 12 Juni 2013 05:38
Hendra Raira Purnama: " hatur nuhun tiasa diangken, nepangkeun sim kuring ti cianjur, mung neda sihapunten saupami arang ngalongok margi di leuweung mah sesah sinyal neng inetna,,,, salam pangwanoh ka sadayana,,,, hurip..."
Salasa, 11 Juni 2013 19:47
J Jaenal Arif: " assalamualaikum wr wb,nepangkeun sim kuring ti karawang hyong silaturahim sareng baraya..."
Salasa, 11 Juni 2013 19:46
Opik Tobas: " ..."
Jumaah, 07 Juni 2013 12:00
CieAmbu Hoyongjanten Kuwu: " assalamalaikum......aduh....hampunten..sim abdi bingung,,formulirna teu aya wae......"
Senén, 03 Juni 2013 00:59
Ade Iwox: " assalamualaikum.. sampurasun, daramang sadayana..."

Rumasa 4

Kénging Deden Abdul Aziz
Dipidangkeun dina lapak 29 Séptémber 2012 05:28:31

GEGER ARUM. Taman Batu. Saptu sore. Geus torojol deui. Nu néang. Geus biasa pokna, "Punten, badé nambut heula," cenah. Teu wasa nolak. Teu bisa ngaulah-ulah. Da puguh dibawa ku nu bogana. Manéh ngalieus. Urang ngan wasa ngabalieus. Adegan unggal Saptu soré. Nu sok idek-liher unggal usik aya nu néang. Geger Arum. Taman Batu. Ngeueung deui sorangan. Nyorangan. Nyorang peuting sosoranganan. Biasa. Nambut heula, basana. Tapi ayeuna. Basa manéh ditéang (deui) harita. Maranti cara sasari. Rék nyorang peuting téh bet asa keueung. Bet tara-tara ti biasa. Asa aya nu leungit. Asa kaleungitan. Naon? Kaleungitan manéh? Geger Arum. Taman Batu. Ahhh...