Ku Godi Suwarna
“Tujuh sapi lalintuh. Béak. Dihakan ku tujuh sapi rarengkung,” kitu nu diuar-uar tonggérét. Nu mindeng kapireng ku Tukang Parahu. Enyaan. Halodo entak-entakan. Bangawan ngolétrak pisan. Kari batu barangkenu. Micangcam asihing cai. Tukang Parahu ngahurunbalung. Nyawang lembur nu ngalanglayung. Gararing. Sawah balangkar. Tatangkalan ngarangrangan. “Atung énéééh, Uyaaa!” Si Onyét ngagorowok. Aral. Sabot cinutrung nyanghareupan pelak jantung. “Nu uing gén tacan jadi, Onyét!” ceuk Si Uya nu teu weléh sabar tunggu pelak anak cau. Tukang Parahu rumahuh. Nyawang leuweung nu ngarelun. Nu kari tunggul taringgul. “Rék tulus wé lunta ka dayeuh téh, Amang! Rék ngadogér kawas batur,” ceuk Si Onyét. Cumalimba. Tukang Parahu ngahuleng. Pok nyarita: “Nya ari geus gilig onaman, Jang!” Laju tingharuleng. Salila-lila. “Uing miang, Uya! Pileuleuyan…” Si Onyét miang. Ngalongkéwang. Si Uya nginghak. Cimatana ngeclak kana pepelakanana. Hawar-hawar, jalma hog-hag parebut cai. Silih tonjok. Silih kadék. Tukang Parahu ngaheruk. Si Uya sumegruk. Beurang-peuting. Cimatana ngagirimis. Nyiram pelak anak cau.