Ku Godi Suwarna
Étah. Bet aya sora toké. Tara-tara ti sasari. Sorana tarik. Ngaweuhan. Da puguh peuting keur sumedeng jempling. Manéhna ngoréjat. Ngadédéngékeun. Tuluy ngeteyep ka tepas. Da Si Toké disada ti lebah dinya. Panto disurungkeun. Lalaunan. Bréh. Rohang hareup salin jinis. Jadi lemah nu garing balas kapentrang. Parabotna pasoléngkrah. Korsitamu. Méja. Bupét. Sprongkas. Rarengat kahalodoan. Manéhna luak-lieuk. Lahan angar upluk-aplak. Satungtungdeuleu. Pasir garundul. Gunung barutak. Samar-samar, jalma obyag narokan batu. Nyiar sakeclak cinyusu. “Tokééé.! Tokééé..! Tokééé..!” Sora Toké beuki tarik. Tatit ujug-ujug tingbarasat. Guludug patingbeledug. Manéhna tanggah. Mégamendung gumulung na lalangit tepas. Brah. Bedah. Jadi hujan nu ngagegebrét. Jelema salusurakan. Manéhna imut. Nyérangkeun lomari jati nu sarirungan. Korsi. Méja. Bupét. Sprongkas. Daraunan. Haréjo ngémploh. “Tokééé.! Tokééé..! Tokééé..!” Sora Toké jumelegur lir gélédég. Hujan badag kagila-gila. Lemah rarempag. Bet gumuruh sirah caah. Umpal-umpalan. Jelema patingjarerit. Tingkelebek. Imah-imah. Barang-barang. Tingkoléab. Manéhna ngangkleung na korsipanjang. Ngalahun léptop. Laju ngarang fiksimini anu kieu: “Tokééé.! Tokééé..! Tokééé..!”…