Ku Godi Suwarna
Désa Sukarmaju haneuteun. Saprak urang dayeuh resep arulin ka lembur. Jlug-jleg tempat pangbeberah manah. Jang Rohéndi muka lahan “Strowbéri Memetik Sendiri’. Suksés. Cép Sohiba ngolah sawah bapana. Dipétak-pétak. Der dijieun “Pangurekan”. Teu burung pada ngadeugdeug. Jadi duit. Bi Lasih beuki mindeng sindir-sampir ka Mang Sodik. Salakina. Komo sanggeus Kang Sukmana muka lapak “Maraban Ingon-Ingon” mah, nu pitana digunting ku Pa Bupati. “Ingon-ingon diparaban ku tatamu. Parabna kudu dibeuli. Jaba dikarcis. Ingon-ingon lalintuh. Saku merekis!” Bi Lasih semu nyungcung. “Geus milikna wé, Lasih…” omong Mang Sodik. Heuay. Tuluy gégétrét. “Milikna, milikna! Mikir geuraaan!” Bi Lasih ngajéngkat. Mang Sodik ngahuhuleng. Bingung. Da puguh ukur boga kebon angar nu teu bisa dipelakan. Ukur haur nu ngadalapur. Isukna, Mang Sodik singkil. Ngabebenah kebon awina. Ngaborong koréd ti panday. Gidig deui ka kebon awi nu geus dipager. Koréd dijajarkeun. Di lawang kebonna, Mang Sodik masang plang badag. Diaksaraan: “Dolbon: Modol di Kebon. Menggali Sendiri. Nikmatnyaaah…!”