Balaka we kuring teh inget wae ka anjeun. Hate kumejot hayang panggih. Peureum kadeuleu beunta karasa. Na haseup roko oge teu weleh aya beungeut anjeun. Kunaon anjeun bet babalicetan wae? SMS teu dibales. Telepon teu diangkat. Mun disusul paribasa keur indit-inditan. Kacida. Teungteuingeun. Tega. Kieu meureunan nu disebut ambon sorangan teh. Naha naon salah kuring? Teu pira ukur dek nagih hutang.