Ku Godi Suwarna
Di désa Sukarmaju, Kuwu gejul geus dirorod. Urang lembur rék milih kuwu nu anyar. Tapi saha picaloneunana? Baréto gé nu disangka rék baralég, kalah nyangsarakeun rayat. “Calonna mah nya urang wé. Saréréa!” ceuk Bah Wira. “Saréréa? Saha nu rék milihna, Bah?” Jang Uga nanya. “Nu milihna Dangiang, Jang! Cahya ti langit! Sing saha nu imahna dieuntreupan ku Dangiang, éta nu jadi Kuwu. Kitu baheula mah!” walon Bah Wira. Enya, kitu wé atuh, ceuk urang lembur. Najan réa nu cangcaya. Teu burung sapuk sadésa. Kacaturkeun, dina derna milih kuwu, urang lembur naranjak ka hiji pasir. Rék mastikeun Dangiang murag ka saha. Tengah peuting, aya cahaya nu héjo ngempur. Ngagegebur. “Dangiaaang!” Bah Wira ngagorowok. Balaréa taranggah. Bréh. Dangiang nyirorot. Kumalayang. Ngurilingan lembur. Dangiang ngajaul deui. Ngambul. Na atuh, Sang Dangiang ngajébol layar komputer. Euntreup dina hulu uing. Gebar-gebur. Beurat naker. Uing lung-leng. Borolo. Babalongkéngan. Utah ngising. Urang désa Sukarmaju ronghok tina monitor.