Ku Godi Suwarna
Purnama sumedeng ngempur. Bangawan hurung ngagebur. Tukang Parahu ngahurunbalung. Kumalangkang. Pirang-pirang panineunganana. Inyana tuluy ngagelik. Nyuling. Meupeuskeun jemplinging peuting. “Laguna ganti, Amang!” Aya nu nyelengkeung. Déwi Asri. Nu kunyin binarung rudin. “Jiiih, wayah kieu los-los ka bangawan. Geura ngampih, Nyai…” ceuk Tukang Parahu. Geugeut. Déwi Asri kalah nyikikik. Buukna ngariringkiwik. Diriabkeun angin rungsing. “Keseeel..! Si Mundinglaya teu mulang-mulang! Geus saratus taun…” Déwi Asri tuluy nginghak. Ngusapan beuteungna. Nu keur bureuyeung. Tukang Parahu rumahuh. Tanggah. Di ditu, di Jabaning Langit, Mundinglaya kalah oléng panganténan. “Lagu dangdut, Amang! Der, ah..!” Déwi Asri ujug-ujug ngagurinjal. Gutak-gitek. Jeung nyeuleuweung tarik naker: “Masih terngiaaang..! Di telingakuuuh..! Bisik cintamuuuh..!” Tukang Parahu ngajengjen. Hareugeueun. Déwi Asri tambah maceuh. Ngalakacat kana tangkal. Nyanyi bari eundeuk-eundeukan. Laju ngagukguk. Kanyenyerian. Na atuh, Déwi Asri bet mesat patrem. Gabres. Koléang. Gujubar. “Nyaiiii…!” Tukang Parahu luncat ka bangawan. Ngojay. Gera-gero. Ngudag nu kokoléaban. Bet kapireng goar orok. Hawar-hawar. Awor jeung séah bangawan.