Ku Godi Suwarna
Geus reup-reupan. Layung gé kari saudat. Bangawan semu ngagibleg. Caina campur jeung getih. Bau bangké deuih. Bubuhan keur usum perang. Perang dunya. Tukang Parahu guligah. Luak-lieuk. Bugang patumpuk-tumpuk. Téng waja. Kapal udara. Ngabangkarak di bangawan. “Tepi ka kieuna, Amang…!” gogodeg Lutung Kasarung. Bingung. Néangan nu dipigandrung. Nu sarimbag reujeung Indung. Weléh. Boa jadi korban perang. Keur kitu, aya nu cunduk. Wanoja nu rubat-rabét. Tapi geulis liwatsaking. “Purbasari!” ceuk Sang Lutung. Curinghak. Tukang Parahu ngabalieur. Nyumputkeun beungeut. “Tepung jeung Kakang Tumang?” Si Wanoja tumanya. Tukang Parahu ngabetem. Sang Lutung mata simeuteun. Kapincut. “Paéh di pangperangan, kitu?” Si Wanoja kukulutus sabot ngaléos. “Purbasari pisan, Amang! Yakin!” ceuk Sang Lutung bari nguniang. Tuluy lugay. Nuturkeun hariring asih. Angin bangawan ngulisik. Dumalingding. Teu mabek siga sasari. Tukang Parahu ngaheruk. “Sabaaar, Sangkuriang! Ukur Cinta nu baris ngajait jagat!” angin rintih humaréwos. Manéhna rumahuh. Meper rasa nu pagaliwota. Nyérangkeun nu tuluy guntreng néang bulan ka wétankeun.